Angin peuting ngagelebug na rohang dada, nyaliara ngahunyud kana angen, komo tuur mah meuni karasa euweuh tulangan, istuning ngalempréh dina nyanghareupan para pinisepuh nu ngariung hareupeun kuring, sumawonna hansip lembur oge aya. Pa RW
nyarios kalawan ajrih : “Cép, wengi ieu mah paheutkeun waé kumaha kahoyong encép ka néng Eius teh, wakca balaka ka ama, ulah éra-éra, tos lengkep wawakil ti keluarga aya Amih, oge abah Aja petugas pembantu pencatat nikah ti kantor désa, sok tong asa-asa”.
nyarios kalawan ajrih : “Cép, wengi ieu mah paheutkeun waé kumaha kahoyong encép ka néng Eius teh, wakca balaka ka ama, ulah éra-éra, tos lengkep wawakil ti keluarga aya Amih, oge abah Aja petugas pembantu pencatat nikah ti kantor désa, sok tong asa-asa”.
Hareupeun kuring néng Euis tungkul bari mun aya kesempatan maok nempo ngimeutan beungeut kuring nu beuki ngabodasan da getih téh asa turun kana suku ngabeungbeuratan rasa nu teu bisa lumpat tina sagala nu geus tumiba. “Kumaha ?” sora pa RW meupeuskeun lamunan kuring. Kuring unggeuk bari ngarérét kana jam tangan nu geus nunjukeun wanci janari.
Haté ratug tutunggulan, tuur loncér
bangun euweuh tulangan, malah mah titingalieun téh rada kararonéng.
Tapi neger-neger manéh nguatkeun diri pikeun nyanghareupan kanyataan nu geus
aya hareupeun beungeut.
“kumaha?”, éta
kecap ngahiuk kana mamarasna, eungap saharita. Teu kuat nandangan panyiksa
batin. Langsung nékad minuhan pipikiran, nempo
jandéla
beulah kénca
muka, tuluy cengkat, lumpat satakerna, ngan hanjakal geuning saluareun jandéla
teh balong héjo
paranti mijahkeun lélé dumbo, antukna... gajlengg... gujubarrrr... less wéh
poék.
...... panon gigisik, geus aya
handapeun risbang. “akang kunaon?” sora jikan halimpu bari nempo kuring nu
culang cileung kawas keur bingung. “ah teu nanaon geulis, mung ti koséwad
margi tadi ngimpén galungan sareng kunti “, jawab téh bari seuri konéng
inget deui yén
kajadian tadi ngan saukur ngimpi.
Cag.