Senin, 26 November 2012

Dicerek Tuur


Angin peuting ngagelebug na rohang dada, nyaliara ngahunyud kana angen, komo tuur mah meuni karasa euweuh tulangan, istuning ngalempréh dina nyanghareupan para pinisepuh nu ngariung hareupeun kuring, sumawonna hansip lembur oge aya. Pa RW
nyarios kalawan ajrih : “Cép, wengi ieu mah paheutkeun waé kumaha kahoyong encép ka néng Eius teh, wakca balaka ka ama, ulah éra-éra, tos lengkep wawakil ti keluarga aya Amih, oge abah Aja petugas pembantu pencatat nikah ti kantor désa, sok tong asa-asa”.

Hareupeun kuring néng Euis tungkul bari mun aya kesempatan maok nempo ngimeutan beungeut kuring nu beuki ngabodasan da getih téh asa turun kana suku ngabeungbeuratan rasa nu teu bisa lumpat tina sagala nu geus tumiba. “Kumaha ?” sora pa RW meupeuskeun lamunan kuring. Kuring unggeuk bari ngarérét kana jam tangan nu geus nunjukeun wanci janari.


Haté ratug tutunggulan, tuur loncér bangun euweuh tulangan, malah mah titingalieun téh rada kararonéng. Tapi neger-neger manéh nguatkeun diri pikeun nyanghareupan kanyataan nu geus aya hareupeun beungeut.
“kumaha?”, éta kecap ngahiuk kana mamarasna, eungap saharita. Teu kuat nandangan panyiksa batin.  Langsung nékad minuhan pipikiran, nempo jandéla beulah kénca muka, tuluy cengkat, lumpat satakerna, ngan hanjakal geuning saluareun jandéla teh balong héjo paranti mijahkeun lélé dumbo, antukna... gajlengg... gujubarrrr... less wéh poék.

...... panon gigisik, geus aya handapeun risbang. “akang kunaon?” sora jikan halimpu bari nempo kuring nu culang cileung kawas keur bingung. “ah teu nanaon geulis, mung ti koséwad margi tadi ngimpén galungan sareng kunti “, jawab téh bari seuri konéng inget deui yén kajadian tadi ngan saukur ngimpi.

Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar