Selasa, 13 November 2012

Juara Lodong


Nempo awi gombong geus meunang ngaragaji jeung ngaliangan sakumaha ilaharna meriem kampung alias lodong, minyak tanah aya tilu desi dina kaleng susu urut oge karbit satengah kilo ngeclok heula di warung bi amah didukung ku posisi strategis dina gundukan taneuh luhureun balong nini odah rada kahieuman ku dapuran awi tali hejo carulang matak hate  jadi caang.


Sumanget opat lima boga lodong anyar rek perang patarik tarik sora jeung lodong bogana si agus kucrit jeung jang empud budag nu jegud tapi kabeukina jamedud, malahmah tadi peuting di pangajian kuring geus susumbar :”isuk mah tingalikeun, sora lodong aing pang tarikna sadunya”.

gambar ti http://puger-nyunda.blogspot.com/2011/09/bedil-lodong.html
Lodong rada ditonggengkeun nojo ka lembur sabeulah, minyak tanah geus asup kana gombong, tinggal karbit. Biasana mah sapotong leutik-leutik, tapi ayeuna mah hayang sora pangtarikna, eta karbit satengah kilo disakalikeun asup kana lodong campur jeung minyak tanah nu langsung ngagolak. Teu talangke deui nempo ramuan geus panas,langsung disundut make seuneu na tungtung rorak.... Blarrrrr...... nu karasa ku panon ngan aya cahaya ngaburinyay bodas campur beureum tuluy hideung, teu kadenge nanaon.

Panon beunta teh geuning keur ngangoler tengah imah diriung ku abah jeung pangeusi lembur legok hangseur bari naringalikeun bangun karunya. Abah ngadeukeutan bari mawa eunteung tuluy ngomong : “na ari sia sarjang teu kira-kira nyoo lodong kaleuleuwihi,salembur geunjleung sugan teh aya bom atom, untung teu paeh oge, tah tempo beungeut sia!!!!”, dina eunteung kaciri beungeut mehong jeung hinyay urut lisah tanah, bari biwir jebleh getihan jigana mah kapeupeuh ku lodong nu ancur paburantak.

#caritabaongkeurleutik

Tidak ada komentar:

Posting Komentar