Sabtu, 10 November 2012

Numpak Kapal Udara...

http://wakakapedia.com/gambar-lucu-numpang-pesawat

Jelema tingpolohok silih pelong jeung anu gigireunna bari can tangtu wawuh, tina tarang sewang sewangan ting curulung kesang badag tandaning hareudang anu mokaha. Sora harengheng jelema nu aya di jero rohangan beuki mahabu. Kuring ge teu weleh leungeun pakupis nyusutan kesang make tonggong leungeun nu geus bau kesang pacampur jeung kesang batur.

Tapi eta si teteh petugas teh meuni pede pisan, pas aya penumpang ibu-ibu bayuhyuh naroskeun kunaon hareudang, eh diwaler teu kireum-kireum : 'teu nanaon bu, ieu mah biasa' padahal manehna ge ngucur kesang malahmah shedow jeung lipstik geus rada ruksak ke tarik pas keur nyusut kesang.

Gogodeg weh bari ngabatin, geuning numpak kapal udara teh teu tebih jeung numpak beus ka garutkeun anu teu make AC ti terminal cicaheum. Ngan kurangna teu acan muncul tukang dagang asongan...

Tapi rada kaharti oge sanggeus maca slogan ieu kapal udara nyaeta : (urang ngajadikeun jelema ngarapung di awang-awang)... Pantesan we keukeuh ngapung, keun wae Ase teu hurung mah dan engke ge di luhur bakal tiis meureun.. 

Untung weh salamet nepika anu dituju.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar