source : thehattainstitutedotcom |
Di golodog masigit swallow jeung
babaturnna ngawangkong, “Cekéng gé bulan puasa mah jadi remen urang papanggih
di dieu” Selop kulit unggeuk bari nyéréngéh, “Bulan kamari mah urang panggihna
di toko tuak nya ang heu heu heu.” Keur anteng ngawangkong datang tarumpah, “Hallow
ki sobat, calageur yeuh?” “Damang gan, kumaha sawalerna?” Duana ngajawab
babarengan.
“Nya kitu wé kukurilingan ngabagi
pangaweruh, geus nyaho can yén bulan puasa téh aya tilu tujuan?”
“Acan gan!!”
“ Nu kahiji néang ampunan, nu
kadua hayang jadi jelema takwa jeung nu katilu améh bisa panggih jeung Gusti
Allah di ahérat engké mun geus maot dina kaayaan bagja.”
“Anyiiir agan meuni jero kitu tah
kana bagbagan puasa, hédéd lah” Swallow némpas, selop kulit ukur imut.
Nu keur guntreng langsung jempé,
ngarapihkeun posisi séwang-séwangan sabab tarawéhan geus lekasan. Selop kulit dipaké ku pa ustad,
swallow mah ku Ulis. Tingal tarumpah ngahuleng, “Jigana bener uing mah geus
dilapurkeun”.