Tampilkan postingan dengan label fbs. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label fbs. Tampilkan semua postingan

Selasa, 25 April 2017

Telat begér

Léngkah ngarandeg ningali Pun Uwa nuju ocon sareng bojona Haji Dartam. “Geuning lain ceuk béja, ayeuna mah tiasa ningali sorangan” Tapi haté teu yakin, boa ngan kabeneran panggih terus ngawangkong.
“Assalamualaikum Uwa Hajii!!” Uing rada ngagorowok. Uwa rada ngarénjag. Leungeunna gancang di écagkeun tina lahunan bi Suminem.
“Waalaikumsalam lo, lawas tilawas teu ngalongok ka dieu”
“Kaleresan waé wa, tadi ngical parabot ka pasar tonggoh, teras hoyong nepangan waé ka Uwa”
“Hayu atuh urang di lebet”, Uwa ngajak ka bumina, Bi Suminem nuturkeun gumeulis.
“Dupi Ua istri sareng Teh Amah aya wa?” Simkuring tumaros. “Nuju ka kota lo, aya lereskeuneun”
Uing surti, diteraskeun ngawangkong sagala rupa da puguh arang panggih.
Sateuacan pamitan, kuring ngaharéwos, “Uwa punten dupi sareng Bi Suminem aya naon, asa bararénten”
“Teu aya nanaon lo, mung saukur silih mikanyaah waé.”
Layung surup dipépéndé réangna turaés, maturan léngkah handeueul ningali kolot bau taneuh telat begér.

Selasa, 28 Maret 2017

Rék méré ceramah

www-poskotanews-com
Leumpang satengah lumpat asup ka terminal Leuwipanjang, aya nu nyampeurkeun, “Ka Jakarta lur? beus nu itu rék indit” curukna nunjuk kana beus kelir beureum nu kaciri rada pinuh.

Teu loba tatanya da puguh bisi teu kaburu méré ceramah shubuh bulanan, Aip ngagidig muru kana beus. Pas naék kabeneran aya dua korsi deui kosong, gék diuk. Ningali arloji, jam 00.00. Teu lila, beus ngadius meulah poékna peuting. Kenék ngadeukeutan, ngasongkeun karcis. Teu loba tatanya da geus apal ongkos ilaharna, mayar wéh. Ngan nu héran, panumpang séjénna jempling teu lemek teu nyarék. Karasa hiliwir bau malati tapi sakapeung ngahiek bau bangké, Aip babacaan nepi ka kasaréan.

“Jakarta!!!, terminal ahir!!” Sora kenék ngahudangkeun, panumpang ngantay turun, jarempling teu loba omong. Aip gé turun. Pas nincak taneuh, panumpang nu turun geus teu kaciri, ngalieuk katukang beus gé ngahiang. Nempo arloji karék jam hiji janari. Lalaunan maca tulisan badag dihareupeun, ‘TMP Kalibata Jakarta’.

Minggu, 26 Maret 2017

Gancang tépa

www-dpunik-com
Pakanci geus datang deui, jadwal taunan nu di tungguan ku murid ogé guruna. Odi sapeupeuting teu bisa saré, guling gasahan hayang geura isukan. Baju jeung bekel metet dina tas gandong, rék karya wisata ka Jakarta. Ukur ngerejep sajam kaburu di hudangkeun ku si Ema, “Gancang hudang satéh, tuh si Omod jeung Martobi geus nyampeur”

Odi teu mandi heula, nyamber baju jeung tas gandong, tibuburanjat ka sakola da sieun tinggaleun.
Beus badag geus ngabedega, diabsén ku guru, asup tartib bari suka bungah. Sajajalan ocon saleuseurian, jugar wé kawas di kelas. “Barudak tong marotah teuing!!”, géréwék Bu Aisah wali kelas. Tapi Odi jeung babaturanna lain eureun ngadon maceuh.

Tuntungna kajadian, di jalur Puncak nu parual paréol. Borolo si Ibro, dituturkeun jang Kunén. Teu tinggaleun Odi ngilu partisipasi, utah ngabura kana tonggong supir. Bu Aisah ongkék da teu kiat ku seungitna jeroan baham. Beus kapaksa eureun lila da supir jeung kenékna ogé babalongkéngan.

Najan lulungu ge, gajleng muru ka tukang imah. Geus teu kaburu cingogo na pacilingan. Gebrus-gebrus nyiukan cai tina kulah, make anggir saeutik ameh rambut teu bau hapeuk teuing. Awak diruru saperluna. Make baju kaos jeung jin calana sakola, oge syal nu geus ditangtukeun ku panitia.

Nanjeurkeun Kahariwang

Bayeungyang nyangkaruk dina implengan, ngadodoho raga nu teu boga kawasa. Amarah saharita ngabéngbat waktu jeung rasa, nyésakeun hanjakal nu wedel alah batan témbok cina. Padahal urusanna teu sapira, ukur salah kecap nu ngajantenkeun juragan ageung kaisinan dipayuneun rahayatna. Éta ogé nu didugikeun téh sanés dongéng ngeukeupan budak, tapi istuning  nyata léngkah nirca dibulen ku wenang jeung asa aing pangawasa.

Nu asalna geugeut tur kameumeut, saharita ngagejrét jadi musuh gerot, teu sudi nempo teu hayang nanya. Langsung ngejat mun kalangkung uing ngagayabag. Ngawitanna mah teu aya kaawonan, istuning picontoeun, tos mah pinter téh rapékan. Teu bosen ngingetan ogé méré piwuruk nu dumasar kana luhung kaélmuan. Kana harta tur tahta teu opénan, kumaha wé ilaharna. Mung hanjakal ku gogoda hiji deui mah serah bongkokan, sagala tarékah téh dumadakan lain keur rahayatna. Tapi kawas nu kabeulit siluman cai, linglung tur tumut naon waé nu di suhunkeun.

Hate gilig nyingraykeun bayeungyang, keur nepikeun bebeneran.

Selasa, 14 Februari 2017

Papatong

sumber Duniabinatangcom
Panon poé karék meleték, ngagupay rasa ngajak ka sakumna mahluk pikeun ngabaladah éndahna dunya. Nyiar rejeki keur bawaeun bekel séwang-séwangan. Dina pucuk eurih ngaréngkol kénéh si Atong, papatong jalu nu kedul kacida. Adi na mah si Apat geus ti janari karalang kuriling, bari hahariringan lagu pupujian.

Teu perlu waktu lila, satolombong rametuk digémbol keur dahareun tilu poé. Nyarapna mah  cukup wé genep rametuk jeung dua siki reungit. Awak séhat da daharna loba gizi katambah leuwih cénghar sabab isuk kénéh geus olahraga. Ngapung kaditu kadieu, jangjang cangker panon awas. Tara geuringan.

Sabalikna jeung si Atong, hudangna téh mun mata poé geus na luhur sirah. Arang langka moro rametuk, tapi sok nyoro tolombong nu geus aya. Boro-boro ngapung jauh, awakna sok gancang leuleus, jangjangna remen ngulapés. Lolobana mah eunteup wé dina eurih atawa dangdaunan séjénna.
Tungtungna dina mangsa manusa moro papatong, si Atong beunang pangheulana. 

Sabtu, 04 Februari 2017

Ulah Rudet

source : pulskcom
Otat jeung Jumsah ngagaya dina juru kapal pesiar. Duanana keur anteng nyobaan gaya pilem ‘Titanic’. Panumpang kapal lianna aya nu ngawangkong, kokojayan, moé manéh, aya ogé nu balakécrakan murak timbel. Nu ngadon nguseup, iwal ti ngecrik dihulag téh da bisi meunang lauk paus. Komo ngurek mah dipahing pisan paur kasetrum ku belut laut.

Hanjakal sakabéh kagiatan kudu eureun sabab sirineu darurat ngahiung, tandaning aya balai. Kabéh ngumpul bari beungeut baringung pinuh kahariwang. Teu lila dina spéker kadéngé Kaptén kapal, “Béwara ka sadaya panumpang nu dipihormat, simkuring saparakanca ménta hampura can bisa nyugemakeun balaréa. Sababna sistem cai bersih dina ieu kapal ruksak, jadi cai nu aya utamana cai nginum kudu ngirit, muga-muga dina 24 jam tiasa leres deui mesinna, Nuhun.”

Otat noél Jumsah, “Naha jadi rudetnya?”

“Sumuhun kang, padahal mah jiga urang wé kantun nyiukan cai laut, nya asin meueusan mah kudu maklum”. Jumsah mairan. Tuluy duanana léléonardodécaprio-an deui.  

Jumat, 27 Januari 2017

Hanjakal

nyunyucom

Lantaran sumanget teuing kana di gawé, Jang Parlan parat nepi ka dur magrib can kaasupan kéjo. Beuteung nanagih gogorowokan, tapi baham balem. Ceunah mah méh gancang anggeus pagawéannana. Sumawonna sora adzan lohor jeung asar ukur jadi wirahma euweuh makna. Anteng wé macoco hareupeun léptop da sieun ku dédlain nu di wates ku dunungan, kudu anggeus peuting ieu.

Cikopi  geus béak genep balikan, puntung garpit tinggalolér sésa ngeyotan ti isuk-isuk. Ngan pagawéan asa teu anggeus-anggeus. Kekemplong mimiti peurih,  sirah lalaunan karasa rieut. “Tapi ieu tugas kudu anggeus, aing pasti bisa”  gerentes Jang Parlan bari nyusut késang tiis dina damis.

Sora adzan isya gé teu dipaliré, nepika tungtungna mah Izroil nu langsung nyauran, di gidig ku sorangan.
Jang Parlan gigisik bari ngabeuntakeun panon, “Dimana uing yeuh, paroék kieu?”
“Man robbuka?” Hiji sora ngageterkeun jiwa. Jang Parlan teu bisa nyarita, ngayekyek teu puguh rasa. Hasil gawé tingkoléséd ninggalkeun raga.  

Kamis, 19 Januari 2017

ITIKURIH

Dok.pribadi

Hiliwir béwara janari ngahudangkeun rumasa, méré tanaga keur nyampeur bagja di dunya nu éndah taya papadana. Ngagidig muru ka kebon dibaturan jangkrik nu teu weléh suka bungah. Kalacat nincak puhu kawung, gap kana wadah gombong nu geus nanggreu sapeupeuting. Alhamdulillah dioyagkeun karasa beurat, cicirén pinuh eusina. Sanggeus gombong antel kana taneuh. Sujud syukur ka pangéran nu murbéng alam, parantos masihan rijki dinten ieu. Gidig gombong digandong, muru tegalan. Tempat matuh nu satia nyakséni itikurih diri.    

Anjog ka tempat matuh, panonpoé karék meleték. Geus aya tilu wanoja jeung nonoman narungguan. "Mang, mésér opat gelas", sora halimpu meulah rasa isuk nu simpé. "Mangga geulis", rikat nurunkeun tanggungan. Mikeun gelas leutik hiji éwang, gombong diangkat lalaunan. Cur cai alami nu amis ngadalingding pindah wadah. "Raos pisan mang, seger tur ngahudang sumanget. Tambih deui ah."
Alhamdulilah tengah poé jauh kénéh, gombong geus béak kaganti ku lambaran duit kertas keur meuli harepan poé ieu.

ITIKURIH 101 fiksimini sunda

Buku kempelan fiksimini sunda ieu jumlahna aya 101, saleresna mah langkung mung supados gampil émutna janten cekap waé di wates 101 seratan. Fiksimini sunda téh hiji génré karangan sunda nu ngadongéngkeun wangunan carita nu diwates ku 150 kecap, kinten-kinten 2-3 paragrap. Janten 101 seratan ieu teh gaduh dongéng séwang-séwangan. Judul nu kahiji nyaéta 'itikurih', ngarupikeun fikmin simkuring nu ngadadarkeun perkawis réngkak paripolah tukang lahang dina mayunan kahirupan kalayan salawasna nampi tur syukuran kana takdir nu tos di tangtoskeun ku Pangéran nu Murbeng Alam. 

Salajengna aya oge fikmin sunda nu dongéngna pikaseurieun atanapi minimal imut ngagelenyu saur simkuring mah. Mugi-mugi nu maca tiasa ngagakgak saparantos macana meungpeung bab gumujeng teh teu acan diatur ku aturan ti pamaréntah. Diantawisna nu judulna 'Karék inget, CSR, ogé Takbiran'. Aya ogé fikmin nu romantis mélankolis, ngabahas sejarah lembur, frustasi dugika nu misteri sareng rada horor saur simkuring mah diantawisna nu judulna 'Pasapon'. Tiasa disebat ieu kempelan fikmin sunda téh campuraduk gado-gado, sanaos teu sagala aya, tapi seueur rupa-rupana.

Bagi siapapun yang penasaran atau ingin ikut melestarikan bahasa sunda, silahkan miliki buku sederhana ini dengan cara order via online pada link PESAN ONLINE ITIKURIH 

atau bisa juga pesan via whatsapps di nomor ini 082320063397




Jumat, 23 Desember 2016

Ngalaan beubeur

ngopi ti wwwaliexprescom
“Laan beubeurna!!”, Opas bandara nitah.
“Ieu mah beubeurna palastik pa”, Ki Omod ngawaler lemes.
“La..ann!! rék ngalawan anjeun téh?, Opas beuki jamotrot.

Teu loba baha sanajan haté teu narima, Ki Omod ngudaran beubeur. Maju deui kana panto pamariksaan bandara. “Tééét...téét” alarm disada deui, leungeun duanana diangkat deui, dipariksa. Keukeuh eueweuh nanaon. “Kudu balik deui?”, Ki Omod naros. “Teu kudu!”, Opas ngajawab teugeug.
Ki Omod muru kana tas jeung wadah nu eusina hapé, arloji jeung beubeur nu geus lulus liwat pamariksaan X-ray. “Di Bandara Kansai Jepang jeung Changi mah teu nanaon maké beubeur palastik téh, naha di lembur sorangan mah meuni teungteuingeun”.

Saencanna asup kapal udara, Ki Omod hayang kahampangan. Gura-giru muru toilét, kabeneran beulah juru aya nu lowong. Karék gé rék cer, katempo gigireun, opas nu tadi. Panasaran ditingali ku juru panon, geuning keur cumalimba bari nempo poto beubeur dina layar hapé. Katoong geuning, manehna di beubeur maké tali rapia.

Geura nyingkah


tina majalahouchdotcom
“Rék ngagugu kumaha, da geuning kitu peta. Sanggeuk nempona ogé”, gerentes curuk bari muih ngadon ngaliang na congo irung. Jempol anteng nguyek nyoo kahayang, teu nolih nu mibanda rasa. Jajangkung nu ilaharna boga wiwaha kalah pabeulit jeung katugenah, ngusapan jeung mencétan nu lain cabakeunnana. Kitu ogé cingir ngabetem ngabaturan jariji nu kaeurad pageuhna sumpah lélépén. Antukna tong boro hayang ngeupeul, dalah keur ngitung ramo gé patingkoléséd haroréam.

Tapi geuning geus cunduk waktu nincak mangsa mah, jempol tobat sanggeus bejad kacepét rénten, ulag ileug nyingkahan riba bari awak geus teu walakaya. Curuk ukur bisa tutunjuk tapi teu bisa méré bongbolongan. Jariji kapaksa ngalésotkeun jangji pasini, ngudaran rasa satia pikeun bisa mulang tarima. Jajangkung meupeuskeun céngcéléngan, cingir ngiluan ngagadékeun kahariwang. Sarua kabéh boga paniatan keur ngabantuan babaturan.

“Cukup sakieu keur mayar sakabéh hutang sia mpol?” , opatan réang macoco. Jempol tungkul bari nginghak cimata getih.

Rabu, 30 November 2016

Gempungan

penulisdongeng_blogspot-coid
Ranggeuyan kamelang beuki ngahunyud, minuhan tempat gempungan nu pabeulit ku interupsi. Nu sawala patarik-tarik méakeun sora. Tinggorowok alah batan pasar. Lentong teugeug jeung tarik, méh teu kasilep ku gorowok nu lian.
Sawala karasa jadi paséa, padahal nu haladir téh masih sékésélér dulur kapi kapi. Tapi ngadadak jadi musuh gerot nu kudu silih éléhkeun. Tutunjuk na congo irung, soca buncelik dada rénghap ranjug. Pupuhu jeung girang pangajen ngembang kadu, ningali kaayaan bet teu bisa diarahkeun sakumaha ilaharna.

“Tuh nya karék gé kieu, geus campuh. Acan nanaon ieu téh” Gerendeng pupuhu bari imut kanjut. Girang pangajén nyengir kuda, “Mugi di ma’lum da aranjeuna mah tacan ngasaan jadi kawas urang, ari urang mah geus ngasaan kawas maranéhna”. Duanana ngawangkong deui bari cecelebekan ngimeutan liwet jeung jéngkol ngora. Nu badami beuki rosa.

Tilu poe tilu peuting gempungan ngajadi hasil, pupuhu jeung girang pangajén jigrah bari nanangkeup blék eusi sora. Sakabéh nu gempungan ngagebra, peura.

Rabu, 16 November 2016

Mang Donal

Source : ciricaradotcom
Dua rasa marojéngja basa meunang béja, mang Donal meunang. Antara atoh jeung sedih, atohna tangtu ngarasa reueus sabab manéhna teu boga pisan pangalaman ngulik pulitik. Éta ogé ceuk tetempoan uing nu giling gisik mun rebun-rebun meuli daging di pasar Soréang. Ayeuna bisa ngéléhkeun calon kuat nu geus lila nyangking jabatan. Ari sedihna nyaéta palaur kana gaya kompanyeuna nu wanian ngusulkeun nyieun kawijakan nu ngarempag kana aturan nu geus aya.

Ari pék téh geuning nu milih lolobana meunangkeun manéhna, atuh écés Mang Donal meunang. Pikeun jadi Kuwu di Desa Buricak Rikat. Panasaran uing mapay lembur, nanya ka sababaraha jalma. Saur Ujang Emid “Bosen désa téh kieu kieu waé, sugan aya robahna”, Mang Atang mairan, “Mening si Donal teu munapik, puguh-puguh rék pasalia jeung aturan nu geus aya. Jadi jelas musuh téh teu nyiliwuri deui’. Uing unggut-unggutan tuluy ngaléos, muru réstoran mang Donal nu ngaharatiskeun kabéh kadaharan, asal ngasakan ku sorangan. 

Sabtu, 29 Oktober 2016

Saémbara Triatlon

terpicdotru
Karajaan Burayutgalih keur boga hajat rongkah dina raraga milangkala saratus taun ngadegna éta karajaan. Rupa-rupa lomba geus jadi ilahar keur ngahibur rahayat ogé gegedén. Hadiahna hédéd jeung matak uruy. Saémbara nu hélok téh katelahna triatlon, tilu saémbara dihijikeun. Nyaéta papalidan disungapan maké ayakan, tuluy balap lumpat gajah, ditutup ku paheula-hela ngalindeukeun méong congkok. Sanajan beurat syaratna, tapi ku sabab hadiahna gé lain heureuy, hadiah utama lima sapi lintuh ti ostrali jeung meunang piagam tinta emas nu bisa digadékeun ka bank karajaan. Antukna méh tumplek rahayat ngiluan sarupaning saémbara.

Ngan dina saémbara final ngalindeukeun méong congkok kabéh nu hadir babalongkéngan. Teu gegedén teu rahayat sadaya nambru, padahal upasna gé sarupaning buta. Aya buta héjo, buta tulang, buta daging, buta hideung kabéh kéok sabab nu disanghareupanna ogé geuning buta, nyaéta butai. Bau tai sa karajaan ku sabab sapiténg karajaan di opat juru bitu, kacocokan runtah nu dipiceun ku rahayatna. Cag. 

Kamis, 27 Oktober 2016

Disauran..

tolololpedia-wikia-com
Pasosonten nu kedahna kempel sareng kulawargi, reksak ukur ku sababaraha kecap dina telepon. “Ditungguan ayeuna pisan, darurot”, soanten juragan ageung nongtoréng minuhan cepil. Kawitna mah moal angkat, sanaos teu aya kecap ngahulag ti bébéné ati. Mung dalah dikumaha, kanggé saayeunaeun mah, urusan rejeki masih patali sareng anjeunna.

Motor nyebrut muru ka pabrik, uteuk mah ngacacang ngajomatara.  Pabeulit antawis keuheul sareng sajuta pananya. “Aya naon deui atuh, sanés réngsé pas lembur tadi wéngi?”

Dugi di gerbang tos katingal mobil motor nu palarkir, padahal dintenan peré. Hélm dibalangkeun, luncat muru aula. Pas muka panto, aula lowong, lénglang teu aya saurang-urang acan. Uing ngahuleng ngaraga meneng.

Sabot kitu di pengker aya nu ngagorowok, “Pak, sadayana nuju di lantéy opat, di mushola.” Gidig kana tangga, muru ka mushola. Bréh téh jelema ngarariung bangun nu baringung, “Pa dirut kasurupan ti énjing-énjing, teras waé nyambat nami pa Mahmud.” Uing istigfar, nu kasurupan melong sakedapan teras ngulahék. 

Tengen jeung kiwa

tipstren-com
Puntang rahayu ngajaul Tengen, ninggalkeun Kiwa nu pakupis jeung lumpatna jaman. Layeut téh geuning ukur babasaan, ku sabab boga kahayang pikeun ngarawu sakabéh pabétékan. Teu nolih salah jeung bener, teu nempo halal jeung haram. Lain saukur  beuteung seubeuh sirit baseuh, tapi geus jadi wajib yén sakabéh jalma nu aya kudu ajrih ka manéhna.

Padahal baheula basa keur dalit nugaran gunung nyaatan sagara, teu loba céplak teu katempo samar kahayang. Istuning rido ngajalanan kahirupan sakumaha ilaharna. Minda rupa unggah adat mimiti karasa dina mangsa gunung rata jeung saatna sagara. Murukusunu bari bangkenu. Loba kaambek teu puguh dadasarna. Pék téh geuning teu pira, kabeulit ku rasa mokaha hayang dihormat ku sakabéh manusa.

Nu Maha Murbeng Alam bendu taya papadana, sabab sombong mah lain pasipatan manusa. Gunung mucunghul deui di mamana, sagara ngajomantara. Ngagencét Tengen nu teu bisa manggapulia, tuluy dilelepkeun kana guligahna sagara.  Kiwa carinakdak bari ngaheruk nanangkeup takdir. 

SAMUTUT

Teu sapagodos lain ngéwa, teu panuju lain cua. Tapi ukur sikep pribadi nu pasti aya kasang tukangna. Sanajan geuning jadi ngabarubahkeun kaayaan. Nu asalna ayem tengtrem bet jadi mungguh harénghéng. Baheula mah soméah, ayeuna mah leuwih loba baketut maratan tutut. Ditanya jadi kawas nu torék, di balédog ku imut ngadon samutut. Tungtungna mah diantep wé kuma karep, sugan cageur ari geus bosen mah.

Turaés mépéndé haté, jadi cicirén yén mata poé geus lingsir soré. Uing giak mandi tuluy saged di baju koko, rék jamaahan magrib di masjid désa. Karék gé kulutrak mukakeun tulak, kaciri Ua Kosim ngaliwat hareupeun imah bari angger baketut. “Mios ua?”, Uing nanya sopan naker. Nu di tanya ngagidig teu nempo sarérét ogé.

Uing ngencid muru masjid, teu sabaraha lila kadéngé sora, “Tulung.. tulung” Bréh Ua Kosim nyangsaya sisi sungapan, ampir palid kabawa caah. Gajleng, leungeunna dibetot disalametkeun. Awakna jibrug, calana pinuh ku leutak. Ku Uing dipayang balik deui ka imahna, si Ua muringis bari angger samutut, “Ua mah tetep Ém yu lain liperpul jang”.

Jumat, 09 September 2016

Balik deui


Cimata nu geus ngeclak dina awak, ngadon hayang balik deui kana panon. Buru-buru panon dirapetkeun. Cimata hahéhoh nanjak , tuluy ngetrokan kulit panon bari milihan bulu halis nu susuganan bisa dipaké keur pakarang. Sawaréh ngiuhan heula dina jero rorompok korong, ngadon badami kumaha carana sangkan bisa asup deui, kana panon nu peureum waé geus mulan malén. “Uing boga akal, ieu wé bulu irung urang beulit-beulit, tuluy geus badag mah rojokeun waé kana sisi panon beulah kénca atawa katuhu, bakal muka geura”.

minyakairmataduyung-com

Sanggeus sapuk kana kamufakatan, tingkalacat cipanon kaluar tina rorompok korong. Lalaunan nérékél muru kongkolak panon bari mawa bulu irung nu salin jinis jadi gantar. Coss... kénca katuhu ditojos, panon beunta sajorélat. Cimata tibuburanjat hayang asup kana panon, hanjakal di jero panon geus loba cimata anyar, nu bedah lir caah déngdéng. Kabéh kabawa palid ngaliwatan puhu irung, kana biwir, ngeclak tina gado maseuhan sakujur awak. Lantis sapuratina. Cimata ngambah sagara. 

Senin, 22 Agustus 2016

Nepangan salira


Hareugeueun nampi wartos wiréhna salira teu aya. Padahal tos  ngorbankeun sagala rupa. Panjurung kalbu paréntah rasa teu meunang tamaha kana wiwaha. Pikeun unggah gunung meuntasan sagara. Leumpang nguntuy mulan malén, teu nolih kana sagala rupa warna nu aya. Istuning tuhu kana papagah Apa, pikeun nepangan salira.

Nu nawisan linggih tos aya belasannana. Nu ngolo ku jabatan ogé rabeng bari duka aya naon di pengkerna. Pon kitu deui ku banda sareng parawan désa, dugika nyeri beuheung da gigideug teu aya eureunna. Ku cara sopan teu tiasa aya ogé nu nyobi ngabegal tur ngagunasika, alhamdulillah jurus ‘saépi angin’ jeung ‘halimunan’ bisa nyalametkeun kaula. Teu hilap manteng du’a ka Mantenna.

Ayeuna, awak leuleus haté lungsé. Sabab sagala ihtiar téh ukur ditampi ku lawang kosong. Da salira teu aya. Teu lila haté ngadadak panas, nyel ambek nu taya papadana. Hayang ngancurkeun nu aya. Sajorélat kakuping deui papagah Apa, “Élmu sabar nu sesah naékannana.”

Jumat, 15 Juli 2016

Hampura Nyai


Felis Bengalensis (Latin)
Gégéroh bari cingogo pipireun imah karék dimimitian. Ma’lum imah ngan sacangkéwok, jadi tampian aya di luar. Curuk ngadoléwak sabun colék, lebu ngagabung supaya seuseut. Kareungeu dina suhunan sora léngkah ngadeukeutan, antaré tur lalaunan. Haté ngadadak ratug tutunggulan, “Ah paling gé beurit” gerentes téh bari anteng mencrong kana ringkok kumbahaneun. Gigireunna aya baskom leutik eusi cai, kaciri ngagurilap kapentrang kingkilaban nu muka panineungan. Sajorélat beungeut anjeun aya hareupeun, dina cai baskom, dina ringkok jeung nu pasti mah dina jero haté nu pangjero-jerona.
“Astagfirullohal Adzim!!!”, Uing gigideug ngencarkeun lamunan nu mimiti ningker pipikiran ngaganggu rasa jeung jiwa. Miceun harepan bagja nu ngan ukur pupulasan. Teu loba carita leungeun rikat mersihan sagala rupa sangkan gancang ninggalkeun tampian.

Léngkah dina suhunan karasa ngadeukeutan, teu lila jempling. Tapi jempling nu matak muringkak bulu pingping, sabab gigireun kaciri ku juru panon aya nu nagog bari mencrong moncorong. “Hampura nyai nya kang”, Nu nagog carinakdak bari ngagaur.