Hareugeueun nampi wartos wiréhna
salira teu aya. Padahal tos ngorbankeun
sagala rupa. Panjurung kalbu paréntah rasa teu meunang tamaha kana wiwaha. Pikeun
unggah gunung meuntasan sagara. Leumpang nguntuy mulan malén, teu nolih kana
sagala rupa warna nu aya. Istuning tuhu kana papagah Apa, pikeun nepangan
salira.
Nu nawisan linggih tos aya
belasannana. Nu ngolo ku jabatan ogé rabeng bari duka aya naon di pengkerna. Pon
kitu deui ku banda sareng parawan désa, dugika nyeri beuheung da gigideug teu
aya eureunna. Ku cara sopan teu tiasa aya ogé nu nyobi ngabegal tur
ngagunasika, alhamdulillah jurus ‘saépi angin’ jeung ‘halimunan’ bisa
nyalametkeun kaula. Teu hilap manteng du’a ka Mantenna.
Ayeuna, awak leuleus haté lungsé.
Sabab sagala ihtiar téh ukur ditampi ku lawang kosong. Da salira teu aya. Teu lila
haté ngadadak panas, nyel ambek nu taya papadana. Hayang ngancurkeun nu aya. Sajorélat
kakuping deui papagah Apa, “Élmu sabar nu sesah naékannana.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar