Kamis, 20 Februari 2014

****PAPAGAH EMA****

Bari rancucut nepi ogé ka buruan imah. Sora mio meuni écés dina peuting nu sepi jempling. Sanggeus motor pareum, peuting nu poék karasa beuki caméwék. Lalaunan uluk salam, “Assalamualaikum.” nu nembalan suwung. “Sigana geus sararé” gerentes haté, Mio ditungtun ka pipir ngaliwatan dapuran cau nu rada hieum. Maksud téh muru panto tukang sugan wé can ditulakan. Ngaliwat dapuran cau asa karasa aya nu nuturkeun. Dilieuk téh ucing hideung ngadepong bari melongkeun. “Lumayan aya nu maturan” gerentes téh. Mio tuluy didorong ngadeukeutan panto tukang, alhamdulilah can ditulakan.
Sarérét kaciri ucing hideung ngadeukeutan. Pas dilieuk téh keur melong wé kana beungeut uing. Jug inget papagah ema,” Mun aya sato tengah peuting, ati-ati jang. Bisi kajajadén. Hayang nyaho sato atawa lain mah, taros wé. Mun sato mah sok tuluy ngaléos.” Rikat uing nanya bari mencrong, ”Manéh ucing lain?” “Muhun ucing” Ucing hideung ngajawab rada ngirung bari nyéréngéh. Tetempoan poék saharita.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar