Minggu, 26 Maret 2017

Gancang tépa

www-dpunik-com
Pakanci geus datang deui, jadwal taunan nu di tungguan ku murid ogé guruna. Odi sapeupeuting teu bisa saré, guling gasahan hayang geura isukan. Baju jeung bekel metet dina tas gandong, rék karya wisata ka Jakarta. Ukur ngerejep sajam kaburu di hudangkeun ku si Ema, “Gancang hudang satéh, tuh si Omod jeung Martobi geus nyampeur”

Odi teu mandi heula, nyamber baju jeung tas gandong, tibuburanjat ka sakola da sieun tinggaleun.
Beus badag geus ngabedega, diabsén ku guru, asup tartib bari suka bungah. Sajajalan ocon saleuseurian, jugar wé kawas di kelas. “Barudak tong marotah teuing!!”, géréwék Bu Aisah wali kelas. Tapi Odi jeung babaturanna lain eureun ngadon maceuh.

Tuntungna kajadian, di jalur Puncak nu parual paréol. Borolo si Ibro, dituturkeun jang Kunén. Teu tinggaleun Odi ngilu partisipasi, utah ngabura kana tonggong supir. Bu Aisah ongkék da teu kiat ku seungitna jeroan baham. Beus kapaksa eureun lila da supir jeung kenékna ogé babalongkéngan.

Najan lulungu ge, gajleng muru ka tukang imah. Geus teu kaburu cingogo na pacilingan. Gebrus-gebrus nyiukan cai tina kulah, make anggir saeutik ameh rambut teu bau hapeuk teuing. Awak diruru saperluna. Make baju kaos jeung jin calana sakola, oge syal nu geus ditangtukeun ku panitia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar