“Can kumpul kawani euy, sieun si Obos ngadat”
“Laah teu kudu di dramatisir, kudu boga prinsip mun urang
yakin dina jalan bebeneran”
“Aing gé keuheul ngan keur nimbang-nimbang hadé goréngna lur”
“Ah sia mah kecing, loba teuing mikir!!!”
Mahmud garo garo teu ateul, panas kulit beungeut jeung daun
ceulina ngadéngé Jang Sarmud kitu teh. Lain teu wani ieu ogé, tapi pan nu
disanghareupan téh dunungan. Nu tangtu kudu lantip tur ati-ati.
“Tuh nya ngadon ngahuleng” Jang Sarmud mairan deui. “Gandéng lur, geus jempé. Anggur du’akeun
sugan aya jalan komo meuntas.” Mahmud nyabar nyabarkeun manéh padahal geus
hayang ngababét babaturanna nu riweuh waé.
Isukna Jang Sarmud rawah riwih, “Mahmuuud aing boga dosa
naon? Naha bet di pindahkeun jadi ngajar
di tempat nu jauh timana mendi, teu adil dunungan téh!!”
Mahmud tungkul bari nyekel SK anyar, diistrénan jadi Kasi
ngaganti dununganna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar