“Ieu mah beubeurna palastik pa”, Ki Omod ngawaler lemes.
“La..ann!! rék ngalawan anjeun téh?,
Opas beuki jamotrot.
Teu loba baha sanajan haté teu narima, Ki Omod ngudaran
beubeur. Maju deui kana panto pamariksaan bandara. “Tééét...téét” alarm disada deui,
leungeun duanana diangkat deui, dipariksa. Keukeuh eueweuh nanaon. “Kudu balik
deui?”, Ki Omod naros. “Teu kudu!”, Opas ngajawab teugeug.
Ki Omod muru kana tas jeung wadah nu eusina hapé,
arloji jeung beubeur nu geus lulus liwat pamariksaan X-ray. “Di Bandara Kansai
Jepang jeung Changi mah teu nanaon maké beubeur palastik téh,
naha di lembur sorangan mah meuni teungteuingeun”.
Saencanna asup kapal udara, Ki Omod hayang kahampangan. Gura-giru
muru toilét,
kabeneran beulah juru aya nu lowong. Karék gé rék cer, katempo gigireun, opas
nu tadi. Panasaran ditingali ku juru panon, geuning keur cumalimba bari nempo
poto beubeur dina layar hapé. Katoong geuning, manehna di beubeur
maké
tali rapia.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar