Jumat, 23 Desember 2016

Geura nyingkah


tina majalahouchdotcom
“Rék ngagugu kumaha, da geuning kitu peta. Sanggeuk nempona ogé”, gerentes curuk bari muih ngadon ngaliang na congo irung. Jempol anteng nguyek nyoo kahayang, teu nolih nu mibanda rasa. Jajangkung nu ilaharna boga wiwaha kalah pabeulit jeung katugenah, ngusapan jeung mencétan nu lain cabakeunnana. Kitu ogé cingir ngabetem ngabaturan jariji nu kaeurad pageuhna sumpah lélépén. Antukna tong boro hayang ngeupeul, dalah keur ngitung ramo gé patingkoléséd haroréam.

Tapi geuning geus cunduk waktu nincak mangsa mah, jempol tobat sanggeus bejad kacepét rénten, ulag ileug nyingkahan riba bari awak geus teu walakaya. Curuk ukur bisa tutunjuk tapi teu bisa méré bongbolongan. Jariji kapaksa ngalésotkeun jangji pasini, ngudaran rasa satia pikeun bisa mulang tarima. Jajangkung meupeuskeun céngcéléngan, cingir ngiluan ngagadékeun kahariwang. Sarua kabéh boga paniatan keur ngabantuan babaturan.

“Cukup sakieu keur mayar sakabéh hutang sia mpol?” , opatan réang macoco. Jempol tungkul bari nginghak cimata getih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar