 |
| Munding from romenscucks.wordpress.com |
Rebun rebun mapay galeng
nincak gantar nu ngagoler luhureun gawir meulah sungapan sipatahunan nu
tingtrim cai herang meulah batu tempat kehkel keur mijahkeun, sakali-kali mun
kawenehan sok aya bayawak moyan bari nundutan dina batu tempat panarosan, ieu gantar
teh ngagoler we sosoranganan nyambungkeun lembur paniisan ka lembur gede
anu jadi jalan pikeun nepi ka dayeuh tempat gempungan dilaksanakeun.
Panon poe gasik hanjat lalaunan nyaangan dunya
bari teu poho ngabelenyeh someah sabab disambut ku sadaya mahluk bari moyan
pikeun kasehatan tur ngabuktikeun yen panon poe geus aya deui sanggeus
sapeupeuting istirahat diganti heula ku bulan, arie ceuk ceunah mah eta panon
poe teh di cash heula sapeupeuting ameh teu ngedrop isukna.. Asa pabeulit nya
antara panon poe jeung henpon.