Selasa, 28 Maret 2017

Rék méré ceramah

www-poskotanews-com
Leumpang satengah lumpat asup ka terminal Leuwipanjang, aya nu nyampeurkeun, “Ka Jakarta lur? beus nu itu rék indit” curukna nunjuk kana beus kelir beureum nu kaciri rada pinuh.

Teu loba tatanya da puguh bisi teu kaburu méré ceramah shubuh bulanan, Aip ngagidig muru kana beus. Pas naék kabeneran aya dua korsi deui kosong, gék diuk. Ningali arloji, jam 00.00. Teu lila, beus ngadius meulah poékna peuting. Kenék ngadeukeutan, ngasongkeun karcis. Teu loba tatanya da geus apal ongkos ilaharna, mayar wéh. Ngan nu héran, panumpang séjénna jempling teu lemek teu nyarék. Karasa hiliwir bau malati tapi sakapeung ngahiek bau bangké, Aip babacaan nepi ka kasaréan.

“Jakarta!!!, terminal ahir!!” Sora kenék ngahudangkeun, panumpang ngantay turun, jarempling teu loba omong. Aip gé turun. Pas nincak taneuh, panumpang nu turun geus teu kaciri, ngalieuk katukang beus gé ngahiang. Nempo arloji karék jam hiji janari. Lalaunan maca tulisan badag dihareupeun, ‘TMP Kalibata Jakarta’.

2 komentar:

  1. lumayan beusna tenaga angin, gancang dugina...

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hatur nuhun Ang Hendrie barlee kan pairanna. beusna spesial dibantos ku kakiatan ghoib, wawlohualam bisshoawab.

      Hapus