Rabu, 05 September 2012

Mundingers

Munding from romenscucks.wordpress.com
Rebun rebun mapay galeng nincak gantar nu ngagoler luhureun gawir meulah sungapan sipatahunan nu tingtrim cai herang meulah batu tempat kehkel keur mijahkeun, sakali-kali mun kawenehan sok aya bayawak moyan bari nundutan dina batu tempat panarosan, ieu gantar teh ngagoler we sosoranganan nyambungkeun lembur paniisan ka lembur gede anu jadi jalan pikeun nepi ka dayeuh tempat gempungan dilaksanakeun.


Panon poe gasik hanjat lalaunan nyaangan dunya bari teu poho ngabelenyeh someah sabab disambut ku sadaya mahluk bari moyan pikeun kasehatan tur ngabuktikeun yen panon poe geus aya deui sanggeus sapeupeuting istirahat diganti heula ku bulan, arie ceuk ceunah mah eta panon poe teh di cash heula sapeupeuting ameh teu ngedrop isukna.. Asa pabeulit nya antara panon poe jeung henpon.


Indung suku jadi panuduh jalan, dibantuan ku bitis anu seseg kawas taleus bulan alaeun. Ngagedig pinuh sumanget sabab rek ngalaksanakeun tugas nagara nyaeta ngabantuan ngabewarakeun hiji gempungan nu ngalibatkeun jalma tur sasatoan dina raraga balapan munding nu geus ngarupakeun jadwal maneuh tengah taunan di laksanakeun sangges reureuh panen bari nungguan melak pare keur musim ka hareup.

Nepi ka dayeuh ngajugjug ka lapang geus kacida lobana rahayat anu rek ngilu ieu acara teh, samalah rupa-rupa munding ge aya, ti munding kampung tepi ka munding bule, oge munding paranti ngagaru tepika munding kajajaden, dihias make areng jeung rupa-rupa warna tina geutah kai leuweung ameh mundingna kaciri ginding jeung leuwih perkasa. Aya oge anu dipasangan eurih dina sirah munding kawas mahkuta. Pokona mah rupa-rupa kamundingan eh kamonesan keur ngadukung munding anu jadi jagona teh meuning dina makalangan pinunjul dina pertandingan.

Nu nyekel gawe ieu lomba mundingrodres teh ti panitia pangangonan puseur pajajaran anu dumuk di basisir situ bandung, deukeut pamandian tamansari. Tapi ari tempat acara mah di lapang badag kurunyudnyambung nu katelah jeung kawentar kamana-mana kaceluk ka awun-awun ngarupakeun tempat lomba anu merenah jeung dipikaresep ku para mundingers.

Acara meuni resep pisan, munding silih liwat bari awak badag ngagegag tapi lincah da geus di bere gaang dina ceulina. Panon gular giler bari ciduh ngaley tina lambey muru nepi kana batas anu dijugjug bari teu poho nu narumpak gogorowokan bari nyekel kana tali tina kai anu meulit kana beuheung munding nyumangetan bari sieun labuh tuluy katincak ku munding anu tukangeun... Pokona mah rame pisan. Keprok jeung kebul pacampur teu di palire, da resep nempo balap sato anu teu ilahar. Pokona mah resep weh.

Teu talangke patlot jeung kertas pinuh ku curat coret oge teu poho kodak lawas motoan ieu balap kalawan antare sabab bahan tulisan ieu anu ngajadikeun imah dilembur paniisan bisa ngebul deui nuluykeun kahirupan bari teu pati renghap ranjug ningali pangaos sagala rupi bahan dasar kahirupan nu naek teu euleum-euleum. Geuning kahirupan teh pinuh pisan ku cocobi tapi manakala urang syukuran tur dijalani mah, insyaaloh heppi ceuk budak ayeuna mah, alias bagja tah kahirupan teh.
Munding jeung mundingers masih lumpat paheula-heula meulah lapang nu kebul ku taneh beureum dibarung keprok nu nongton di sisi gawir, dihandapeun saung oge aya nu naek kana tangkal mahobi ngadon cineten meuni anteng. Padahal mun teu ati-ati bisa labuh ngaheumpik taneuh, nya minimal mah misalah leungeun atawa suku, asal ulah beuheung sabab hese deui dibenerkeunana.

Teu karasa waktu geus nyerelek sore, panon poe geus leuleus erek dicash deui tukangeun mumunggang gunung, kuring oge cape ngan teu dirasa sabab bahan bewara geus rea dina korang setorkeuneun ka dunungan di bale desa Paniisan nyaeta Uwa Jupen Anggaranlobahesemeakeun nu tuluy bakal diolah jadi bewara ka suklak sikluk nagri make bantuan japati murni nu dingaranan si imel jeung websait...

Panonpoe sore mencrong bari ngagelenyu..tepas bale paniisan lalaunan jadi simpe.
Cag..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar