Sanggeus dunungan asup, uing muru
tempat parkir. Karék gé mareuman mobil, hapé di sada. Buru-buru di angkat,
“Jang, dus bodas candak ka dieu, ka kamar 1217”. “Mangga gan”, Uing rikat
turun, ngincid ngajingjing dus ka jero hotél. Sanggeus nanya ka satpam,
uing muru lift. Hadé milik, dina lift aya nu rancunit. Manéhna
imut matak ratug jajantung.
“Kulem di dieu kang?”
“Sumuhun néng”
Bari teu weléh
imut, kusiwel nu geulis ngodok tas na tuluy ngasongkeun kertas leutik, “Bilih
peryogi, engkin tabuh sapuluh wengi abdi fréé”.
“Haturnuhun néng”,Uing
ngembang kadu.
Di lantéy 8 manéhna pamit. Duh bingah
amarwatasuta, Asa gaduh dulur. “Engké urang telepon ah”, gerentes haté. Anjog
ka kamar dunungan, keketrok bari uluk salam. Dunungan nitah asup bari nanya,”Kumaha
resep di hotél
téh
jang?”. “Sumuhun gan”, Uing ngajawab sumanget, bari tuluy ngadongéngkeun
panggih jeung nu rancunit dina lift. Gaduh
baraya anyar. Dunungan nyéréngéh, “Éta téh ublag jang”. Uing ngahuleng. Teu percaya.