Rabu, 18 Desember 2013

*** TEU KAUDAG ***

photomobilmodif.blogspot.com
Mimiti na keur anteng nyetir, jug sérépét mobil hideung nyiap. Pletak!!! Spion katuhu katodél. Nyel téh ambek. “Gejul siah, kawas jalan boga sorangan”, Uing ngagorowok bari rénghap ranjug. Teu antaparah deui, gancang gas di tincak. Panon mencrong buntut mobil hideung nu nyemprung hareupeun. Teu butuh waktu lila, geus ka ciri si gejul téh. Ebreh Avanza hideung. Ngudag bari lampu kiceup-kicep jeung klakson di sadakeun. Avanza hideung lain eureun, kalah beuki nyemprung. Tungtungna mah nékad, di salip ti kénca bari rada di dedetkeun. langsung kasalip deui. Manéhna ngerém tuluy eureun. Karék gé rék ngarénghap bungah, geuning geus aya di hareupeun deui bari nyetirna gagaléongan. Kapaksa nincak gas deui, di lampuan, pépédkeun, salip deui. Kitu jeung kitu wé. Tapi keukeuh avanza hideung aya deui hareupeun kawas nu ngaléléwé. Ambek ngagugudug, “Kudu di tabrakeun waé kitu améh kapok mah?” uing ngagerendeng. “Ulah aki, da plat nomerna gé bénten-bénten” ceuk incu gigireun bari murungkut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar