Rabu, 18 Desember 2013

*** TEU PERCAYA ***

Sanggeus dunungan asup, uing muru tempat parkir. Karék gé mareuman mobil, hapé di sada. Buru-buru di angkat, “Jang, dus bodas candak ka dieu, ka kamar 1217”. “Mangga gan”, Uing rikat turun, ngincid ngajingjing dus ka jero hotél. Sanggeus nanya ka satpam, uing muru lift. Hadé milik, dina lift aya nu rancunit. Manéhna imut matak ratug jajantung.
“Kulem di dieu kang?”
“Sumuhun néng”
Bari teu weléh imut, kusiwel nu geulis ngodok tas na tuluy ngasongkeun kertas leutik, “Bilih peryogi, engkin tabuh sapuluh wengi abdi fréé”.
“Haturnuhun néng”,Uing ngembang kadu.
Di lantéy 8 manéhna pamit. Duh bingah amarwatasuta, Asa gaduh dulur. “Engké urang telepon ah”, gerentes haté. Anjog ka kamar dunungan, keketrok bari uluk salam. Dunungan nitah asup bari nanya,”Kumaha resep di hotél téh jang?”. “Sumuhun gan”, Uing ngajawab sumanget, bari tuluy ngadongéngkeun panggih  jeung nu rancunit dina lift. Gaduh baraya anyar. Dunungan nyéréngéh, “Éta téh ublag jang”. Uing ngahuleng. Teu percaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar