Jumat, 13 Desember 2013

*** NGELEHAN HEULA ***

Purnama ngaheruk dibaturan hiliwir angin nu ngagupay simpé na peuting. Gaang jempling kawas nu peura, turaés ngaringkuk dina sela tangkal kiara, ngabetem. Poékna harepan lalaunan nuruban peuting, nyelesep méh sakabéh juru. Muru kelap kelip kayakinan nu masih sumebar pasoléngkrah di palataran katugenah. Mun rajeun kapanggih, tuluy di rurud nepi ka ngajongkéng teu walakaya. Langit angkeub nangkeup harigu, ngeclakeun cimata katunggaraan. 

“Aya kénéh kayakinan nu can katéwak?”, Sora peuting nu beurat pikaingggiseun. “Tos séép manawi Gan, tadi aya hiji ngabalicet ka sisi gawir parantos di pérénan ku uing”, waler si poék mongkléng bari nyepeng balati hianat nu masih baloboran geutih munggaran. Peuting imut burahay, sabab kawasa dina ieu mangsa geus jelas jujutannana. 

Padahal dina gagang balati hianat, masih aya sakolébat niat sa titik nurani. Nu nyamuni ngéléhan diri ngindung ka waktu ngayuga ka jaman. Kawas nu palastra. Insyaalloh hudang dina waktuna nanjeurkeun bebeneran nu keur di supata ku jaman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar