Selasa, 15 Desember 2015

Nungguan

Sumber : sheilasafiola.wordpress.com
Élékésékéng dina golodog, dibaturan purnama nu moncorongna nungguan anjeun. Hanjakal ngajentul téh geuning kalah mucicid. Diganggu gelebugna angin peuting. Anjeun teu puguh laratanna. Lalaunan ngoléséd ka tepas, bari mawa sagelas kopi tur lalawuh nu tos tiis caméwék. Raray anjeun ngajorélat. Siraru jeung cika-cika eunteup kana damis, maturan diri ngabeberah haté nu beuki lewang ngémutan anjeun.
Peuting beuki simpé, ema jeung apa ngahiap méh asup ka pangkéng teu kudu ditungguan. Tapi haté keukeuh teu méré. Pengkuh nungguan anjeun, sabab salila ieu tara sulaya. Iwal peuting ieu. Émutan cus cos kamana horéng, sieun anjeun kumaonam. Anjeun kudu gancang datang tur mawa harepan.
Wanci janari aya nu keketrok kana haté. Kuniang hudang, culang-cileung di tepas, geuning kasaréan. Bréh payuneun anjeun ngabedega, imut bari ngaharéwos, “Sing sabar nyai, ulah ngantosan bari nyiksa diri. Anggursi anggo wengi nu simpé téh kanggé munajat ka Allah nu maha kawasa.”
Anjeun ngilang, dina méja aya qur’an jeung mukena.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar