Senin, 04 Januari 2016

Gagal Mup On

Sumber : twitter @G2_MO
Katumbiri soré imut dina juru soca anjeun. Masihan sumanget ku paneuteup nu euyeub ku rupa warna. Padahal haté nuju ngulapés teu kiat mayunan kanyataan. Geuning tebih tina pangharepan. “Mangga pesen heula” kuring nawisan. Teu seueur kecap nu dikedalkeun, mung nyerangkeun patalimarga nu meulah Jalan Insinyur Haji Juanda. Sagelas avogato nu biasana matak hégar haté, ayeuna mah ukur karasa jiga ciherang nu ngancik saliwat. Anjeun nyuruput coklat panas meuni siga nu nikmat karasana. Tapi haté teu bisa dibawa suka, angger wé halimun ngungun ngarorojét haté.




“Janten moal tiasa haté urang téh sauyunan geulis?” Rada ngageter narosna ogé. Anjeun teu langsung masihan waleran, ngadon nitip harepan kana angin soré nu ngukuntit pinuh kahemeng. Kuring ngantos waleran bari nyuruput avogato disakalikeun. Anjeun ngadilak semu jalingkak. 


“Punten akang tétéh, sakedap deui badé tutup” soanten waitrés ngagareuwahkeun. Anjeun teras pamitan bari ngaharéwos, “Sesah urang ngarangkep kang, pilihan waktos pilprés kamari pan urang mah bénten.”

3 komentar:

  1. hahahaaa is it true or just a joke? surely, i hope its just a joke!!!

    BalasHapus
  2. Bener pisan eta teh.... tong sok ngahiji jeung nu beda aliran.. hehe....

    BalasHapus