Kamis, 28 Januari 2016

Lain Samanéa

Source : www.wisdompage.com
Lalaunan lalangit haté nguliat hayang mapag taun anyar. Ngan hanjakal, Kongkolak panon masih rapet diharudum kahoréam. Sora wéker adug lajer gogorowokan ti janari kénéh, tapi keukeuh raga ngahunted ditangkeup kampuh nu karasa beuki pageuh. Uteuk mimiti susulusupan nyebarkeun isu yén urang kudu geura beunta, kudu sadar tina kaayaan. Hudang téh geus jadi kawajiban. Mimitina gempungan téh ngan amygdala jeung néocortéc, tapi teu lila sumebar méh kabéh wewengkon sirah sapagodos niat baruntak.

“Kadé ati-ati jang, nu disanghareupan ku urang téh lain samanéa” papagah pupuhu diaminkeun ku balaréa. Kabéh nu bajoang lantip tur tarapti. Mapay jalur séwang-séwangan sangkan nepi kana maksud jeung tujuan. Aya nu mapay tulang tonggong tuluy nyieun markas dina tunggir, aya ogé nu muru jajantung tapi nyalingker heula dina tikoro da ningali musuh keur tatan – tatan.
Alhamdulillah mangsana geus datang, kabéh nyerang. “Gombrang..!!! eoong.. eong!” Sora ucing ngaragragkeun panci. Uing hudang tibuburanjat, “Adduhh.... kabeurangan.”


Tidak ada komentar:

Posting Komentar