Sabtu, 09 Maret 2013

Asup Angin......

http://id.wikipedia.org/wiki/Gatotkaca



Di tutugan Grand Canyon Arizona, keur ngariung pahlawan super, tapi kawas nu aralum, Superman humarurung kalikiben tayohna loba teuing ngapung jadi asup angin, ogé kitu The Flash beuteung kembung bati lulumpatan kaditu kadieu, Batman ngahuleng euweuh hégar sumanget keur ngajaga katengtreman kota Gotham. Ngan saurang anu jagjag belejag dina éta gempungan téh, nyaéta Gatotkaca. “Naon ubarna tot, manéh seger waé, padahal sarua ngangin kawas kuring?” ceuk Superman jeung The Flash bangun héok. Gatotkaca nyéréngéh bari ngodok beubeur emasna, goréhél sabungkus inuman énérgi buatan indonesia, “Ieu rahasiana sup (maksudna superman), inum sabungkus sapoé, dijamin jangjag waringkas”.  “Dimana meulina?” ceuk Superman jigrah, “teu dijual, tapi dihilian ku pakarang nu aya guna mangpaatna”. Superman ngahuleng, maenya kudu dihilian ku krypton mah. 

Keur anteng deui ngobrol, aya cahaya datang kana gempungan, Gatotkaca langsung nyembah bari ngadégdég, “cokot deui jimat layangkalimusada, nu ku sia ditukeurkeun kana ubar teu pararuguh, baliiiik siahhhh”, sora Bima handaruan.

1 komentar: