Minggu, 07 Oktober 2012

Macet di Tol

Gbr : www.subiakto.wordpress.com
Karek ge asup panto gerbang tol baros, teu saratus meter saratus meter acan geuning mobil geus areureun. Macet, dijalan tol? Rada ngahuleng tah, sabab ceuk teori kaelmuan mah jalan tol tel nyaeta hiji ruas jalan nu istimewa sabab boga harti jalan nu euweuh halangan, istuning mulus banglus molongpong tur ngageleser matak seger. Kenca katuhu rapih, tanda pitunjuk jalan anu antare atra eces tur jelas, lega jalanna sarta mobil wungkul nu bisa ngagunakeun, motor oge meunang asup tapi teu bisa kaluar da bakal ditewak ku pulisi sabab ngalanggar aturan, iwal ti nu numpak motorna nekad mah duka teuing tah. Urusan kakuranganna mah ngan hiji, pedah kudu mayar wungkul.



Ayeuna kanyataanna macetna parah pisan mun diitung nepika panto kaluar tol pasteur aya kana genep kilona.. Ampuuun... Jangji bisa bolay yeuh. Tapi kapikir deui mun ayeuna aral bari ambek ambekan angger we jalan macet mobil teu maju. Nya geus we ah nuluykeun nulis ieu carita.

Dina hiji gempungan para inohong ceunah dibahas saperkara macet jeung kamacetan di kota bandung ieu. Nu ngarahkana kumaha memeres ieu kota teh. Padahal ceuk uing mah Kota Bandung macet teh geus direncanakeun, buktina akses jalan Bandung Jakarta jadi gampang da di bangun jalan tol Cipularang, matakna ngabrul plat B boh dina wikdey komo wik en mah mehmehan hese neangan nu plat D teh da katutup ku plat B kabeh. Tuluy pangwangunan sawatara tempat hiburan, tempat pusat balanja oge restoran jeung hotel anu rajeg dibangun dimana-mana, tapi ari jalan mah angger we diantep saaya-aya.

Tuluy urusan produksi mobil jeung motor, sanajan eta kebijakan di pusat tapi pan dampakna ka daerah, beuko loba mobil jeung motor anyar ari anu lila teu dibatas, jadi weh numpuk... Polusi mah geus pasti. Tapi da aranteng we sabab di jero mobil mah make ase.. Eh AC.

Sanggeus dibeuweung diburakeun mah, balik deui kana juru tempo urang, intina macet mah keukeuh we macet dan geuning masalahna loba pakuat pakait kaasup jeung dinas instanti anu tikararait, jadi lain masalah gampang. Kukituna ayeuna mah ganti we mikirna, diantarana macet teh ciciren bandung jadi kota metropolitan. Tuluy nya nu ngarasa urang bandung mah teu kudu liar saptu minggu tapi jongjon we diimah sewang sewangan. Atawa nyieun aktifitas anu teu kudu ka dayeh.

Geus 1 jam setengah can bisa kaluar tina kamacetan, sabarrr sabarr

4 komentar:

  1. leres pisan om, kedah bagaimana lagi atuh. sok janten apatis kadang fatalis ka urangna...
    milarian contoh di kota surabaya, sami sareng bandung macet, namung sakedik rapih margi sapalih pengguna lalu lintas teh tiasa hideng kana eta anu janten aturan rambu sareng marga jalan.
    maksadna di kota bandung oge tiasa atuh nyontohan kota surabaya.

    BalasHapus
  2. Akhirnya rumus sabar dan menikmati yg dikedepankan, sambil simultan berfikir dan berdiskusi sebuah perubahan dan perbaikan sesuai kewenangan.... thx commentnya, btw web kesbang meuni sdih liatnyah... hiks

    BalasHapus
    Balasan
    1. sateuacanna nyungkuen dihapeunten kana kaayaan web kesbang anu teu update. mangga insyAllah daku coba hidupkan kembali web yang sudah pa andrie rintis..nuhun

      Hapus
  3. sippppp kang cahyo..... saha deui anu ngamumule web upami sanes urang mah....

    BalasHapus