Rabu, 24 Oktober 2012

Tagiwur

sumber : naomitobing.wordpress.com

Nuju anteng panangan pakupis dina gajet (padahal gadget)tablet, curuk diantelkeun kana layar bari kusah koseh, soca molohok serius anti ngiceup, baham calangap bari napas ditahan da bisi eleh ieu permainan perang dina gajet (baca gadget).. Kirining.. Kirining.. Kirining, caang kelap kelip layar hape bari ngajeblag hiji seratan nu nguningakeun saha anu baris nyarios dina telepon teh.


Dumadakan hate ratug, ngarenghap rada ditahan terus teu pupuguh liang pori-pori kulit janten hareudang nu antukna kaluar kesang... Padahal boa naon nelepon ge. Tapi eta pangaruhna ruaaar biasa... Kitu rupina anu disebat ajen wibawa sareng aura tea boa.



Sanajan tos biasa nampi telepon teh, tapi keukeuh we katagiwur mah sok nyampeurkeun bari tara beja-beja, dibarung ku kabingung bisi lepat ngawaler..



Nyawang waktu sawatara katukang sok jadi era sorangan bari ngabelenyeh imut gumasep, baheula mah meuni kabita ningal pejabat anu sok ditelepon langsung ku pingpinan pangluhurna, kacida reueusna nya. Tiasa komunikasi langsung sareng panjenengan. Harita sok teras ngadu'a ka Gusti Anu Kawasa, iraha simkuring tiasa siga kitu?...


Teu karaos waktos anu samporet geuning tos janten milik geusan ngajadi, teu ngetang sabarakali domba anakan sapi baranahan, ku gusti dipaparin amanat ditambih darajat kalawan atra tur nyata dina mangsa nu sajorelat du'a teh diijabah.... langkung remen ayeuna mah ditelepon ku dunungan pangluhurna... ampun paralun, geuning sangkian kapungkur ningal nu ditelepon teh reueus ari tos ngaraoskeun mah geuing peraosan teh antawis tagiwur sareng samar polah atanapi basa murangkalih ayeuna mah... galawww.. ciyuuus, eh myiapa???...

Antukna kenging hiji niley kahirupan yen naon anu katingal ku urang raos oge ajrih,teu acan kantenan urang bakal ngaraoskeun anu sami nalika dina posisi anu sami. Tangkal jambu monyet di sapalih saung imut ngagelenyu ningal laku lampah anak manusa anu teu puguh rasa.

Tapi hate masih tagiwur cacakan telepon geus eunteup dina sayangna....

2 komentar:

  1. wew..... geuning tulisan teh meuni rahet kana hate... matak jadi ngaji diri.... nuhun ah tos di pang emut keun.... (hapunten pami basa sunda na balelol)

    BalasHapus
  2. Kang aria haturnuhun ku pangdeudeul komentarna.... Sami da ieu ge masih diajar meulitkeun kecap ngarangkai janten kalimah nu susuganan tiasa merenah dina manah.

    BalasHapus