Sabtu, 27 Juli 2013

*** J P B C ***

Samagaha manah ngadangu manéhna tos teu lalagasan deui. Ngadon nampi dipihukum dicangreud ku aturan agama ogé nagara pikeun tuhu ka hiji lalaki nepi ka pati ngajadi. Émut waktos tepang pamungkas, manéhna sasauran, "Akang hapunten, Jodo, pati, bagja cilaka (JPBC) mah kagungan Allah, urang mah istuning wayang, kumaha diigelkeun ku dalang ogé ditabeuh ku nayaga". Haté angger teu nampi, manah teu ngeunah kedah peunggas harepan musna kahayang nempo kanyataan jauh méngpar tina lamunan. Ngan hanjakal dugi ka danget ayeuna teu apal alesannana teu terang sabab musababna, naha manéhna bet mutuskeun nampi lamaran éta jelema. Karaos deui bangbaluh haté mingkin abot mun émut ka manéhna. Sabot anteng kumelendang di alam lamunan, gebeg téh kagebah ku jikan, “Kang kunaon siga nu teu raraos?, hayu urang ngawilujengkeun ka pangantén” jikan melong bari metot panangan. Saatos kempel pangacian, kuring ngaléngkah bari ngaléng pamajikan muru balandongan tempat manéhna ngadeg ngantos pangwilujeng.

Senin, 22 Juli 2013

*** Buka Puasa Istimewa ***

Keur anteng maturan jikan masak di pawon, teu kanyahoan si bungsu nu geus nincak dua taun geus aya ditukangeun. "Teu kenging kadieu adé, bilih geubis, yu urang antosan dipayun" Si Bungsu atoh dipapangku bari ajol-ajolan. Bagja bisa kumpul jeung kulawarga sanggeus sabulan campleng néang kasab di dayeuh Bandung. Ngaliwat kana méja, di bungsu tutunjuk bari metot, "Endog pa, endog". "Teu acan dé, endog na nuju dipasak kénéh ku Umi" Si bungsu ngarenghik bari angger tutunjuk kana méja tempat dahar sakulawarga. Uing ngéléhan, budak di bawa kana méja, didiukkeun, sugan wé répéh. Da nyaan si bungsu anteng na luhur méja, belenyéh seuri bari keukeuh nyebut "Endog pah, endog". Uing balik deui ka pawon, si bungsu di asuh ku lanceukna nu karék balik pasantrén kilat. Pas rék buka puasa, uing jeung jikan muru méja rék ngabatalan. Kasampak téh si bungsu keur anteng na méja, bari nyebat "Endog.. adé endog" breh gigireunna aya nu ngadungkuk, bau. Kapaksa ngabatalan dibarung ku ngombéhan.

Senin, 15 Juli 2013

*** Nurutan Aki ***

istockphoto.com
Bungah haté bagja karasa, waktu ema ngadongéng dina telepon. “Nyai, barudak téh meuni balageur, cacap genep poé puasa na”. “Alhamdulilah ma, saha heula atuh indungna” waler uing bari pangambung asa ngapung. Ema gumujeng. Tapi nyelap ogé kabingung, “Pédah di imah aki ninina jadi saroléh téh?” sabab taun kamari si cikal karék cacap tilu poé dina sabulan. Sésana mah ngan tepi ka asar, ma’lum dialajar kénéh.
Poé minggu uing jeung salaki geus sono ka barudak nu pakanci di lembur, rék dijemput da geus waktuna asup sakola. Anjog ka lembur Legok Cipo teu sirikna di gabrug di galéntoran, sono pisan. “Aa sareng Adé meuni palinter shaumna”, barudak sareuri. “Nyai, barudak téh meuni saroléh, rajin pisan wudhu nurutan aki na” ema sasauran. Uing émut pun bapa gaduh prinsip ‘sunnah’ mun urang tiasa ngajagi wudhu. Sabot rék sholat asar uing ka jamban, kaciri barudak keur wudu meuni husu bari ngaleguk cai sumur teu eureun-eureun.

Sabtu, 13 Juli 2013

*** Pasapon ***

masjustice.wordpress.com
Ba’da magrib rurusuhan muru kantor, aya berkas tinggaleun. Unggeuk ka satpam, rurusuhan muru ka rohangan, rada humar hemir da kudu meuntasan aula lega bari rada meredong, penghématan cenah, jadi lampu parareum. Anjog ka rohangan, panto muka, biasana aya Eman pasapon keur bébérés.
Sup ka rohangan, muru kana méja pangjuruna, tuluy nyokot berkas. Sabot kitu panto ngarekét, aya nu asup.”man, aya saha waé nu ngalembur?” kuring nanya. Eman ngan ukur tungkul, mawa sapu, melong ka kuring sakedap terus kaluar deui. “eman,.. eman” kuring nyalukan bari muru kana panto, tapi jinisna geus kaburu teu kaciri.
Kuring kaluar muru parkiran, keur ngahurungkeun motor, jol aya mio gigireun rék parkir, “nembe uih juragan?” sora nu nanya meni daria. “muhun, éh gening eman, tadi disauran meni teu ngalieuk-lieuk acan”, cekeng téh bari jebi. Eman ngajawab: “harr, pan abdi mah ti bada asyar dipiwarang ku pa kadis mésér oléh-oléh kanggo candakeun énjing ka daérah”.

*** Nu Ngiring ***

gambarhidup.blogspot.com
“Ngiring”, soanten leuleuy ngagupay cepil dina simpena wengi ngudag janari. Teu janten emutan paling oge kukupingan, maklum awor sareng angin anu silih surung lebet kana sela-sela helm butut nu ngarencangan kuring uih ti bandung ngabujeng ka sumedang numpak motor metik si kukut.
Mung teu lami tidinya asa kaambeu seungit malati nu ngalewangkeun ati, asa jauh panineungan, teras motor karaos abot padahal mung nyalira da dipengker mah kueh pamasihan pimitohaeun. Teras tonggong asa karaos nyecep tiis nembus na tulang, sumawonna jalan oge mingkin simpe maturan kuring nu tunggara.
Ah di gas we satarikna supados enggal dugi, tapi kalahka gegerungan lalaunan bangun nu ripuh. Boa boa oli metikna seep janten ngaganggu kana transmisi. Nya si kukut maju we samampuhna. Pas Leupas ti pengkolan pamungkas cadas pangeran, bet kaambeu teh janten bau bangke, langsung istigfar bari si kukut digas satakerna, motor hampang deui sakumaha ilaharna.
“nuhun”, soanten anteb dina cepil katuhu.

*** TEU RUMASA ***

gambarunik.co
"Jang, sabar téh aya batasna," nontoréng sora Abah sabada reureuh nyabokan uing. Uing répéh bari ngeluk, karasa damis kénca katuhu lalinu. Tapi keukeuh haté leutik mah teu narima dicabok ku Abah, ngan pédah rasa ajrih kanu jadi kolot wé teu baruntak téh. "Ari nyanéh naon maksud kitu peta tadi soré?" Abah nanya bari molotot. "Hapunten bah, sanés maksad nanaon,". Uing ngajawab lalaunan. "Loba alesan manéh mah, ti mimiti ayeuna, sia teu meunang ngalanto ka balong". Uing ngahuleng, bingung. Da rarasaan mah kajadian tadi soré téh ukur heureuy, tamba kesel wé méakeun waktu ngabuburit. Masang petasan badag dina paparahuan kertas, dipalidkeun na tengah balong nu pinuh ku nu kongkur di balong Abah. Ngabeledug satakerna, nepika birat kabéh nu keur nguseup, malah Bah Omod jeung Ki Juhe nepika kapaéhan. "Ari sakali mah dihampura Sarjang, ieu mah 10 kali, kaasup Agan Camat gé tigejebur bakating ku reuwas". Uing tungkul, asa teu rumasa.

Jumat, 12 Juli 2013

*** ADU JAJATEN ***

Camperego di sisi leuwi bari teu weléh nyidik-nyidik burial na cai tina beulah batu handapeun rungkun kacapiring. Cai leuwi kaciri meuni ngagenclang matak pikabitaeun. Sabudereun hejo ngemploh ngondang ancrub kokojayan, matak seger pinuh kaéndahan. Ngan hanjakal rasa tingtrim téh ditambih ku rasa hariwang. Jajampean dimimitian, angin soré ngadadak jempling pon kitu deui sora sasatoan simpé. Cininin jeung cangkurileung kawas nu keur nyeri huntu, padahal biasana réang mapag matapoé nu rék surup. Tonggérét jeung turaés gé jempling, ngadaplok ngahéphép bangun haroréam. Sisi panon uing balik deui nengetkeun burialna cai nu beuki soré beuki motah. Nu ngagenclang ngadadak kiruh dibarung ku gelebugna angin neumbrag kana tatangkalan, dangdaunan oyag-oyagan. jampé pamaké mingkin diketrukkeun, mata batin beuki seukeut nojo alam kaahéngan. Kaciri lulun samak ngaleupaskeun awak nu dikeukeuweuk di jero leuwi. Bugang ngambang sanggeus saminggu leungit dilegleg leuwi. Lulun samak ngaléos bari cumalimba.