Sabtu, 27 Juli 2013

*** J P B C ***

Samagaha manah ngadangu manéhna tos teu lalagasan deui. Ngadon nampi dipihukum dicangreud ku aturan agama ogé nagara pikeun tuhu ka hiji lalaki nepi ka pati ngajadi. Émut waktos tepang pamungkas, manéhna sasauran, "Akang hapunten, Jodo, pati, bagja cilaka (JPBC) mah kagungan Allah, urang mah istuning wayang, kumaha diigelkeun ku dalang ogé ditabeuh ku nayaga". Haté angger teu nampi, manah teu ngeunah kedah peunggas harepan musna kahayang nempo kanyataan jauh méngpar tina lamunan. Ngan hanjakal dugi ka danget ayeuna teu apal alesannana teu terang sabab musababna, naha manéhna bet mutuskeun nampi lamaran éta jelema. Karaos deui bangbaluh haté mingkin abot mun émut ka manéhna. Sabot anteng kumelendang di alam lamunan, gebeg téh kagebah ku jikan, “Kang kunaon siga nu teu raraos?, hayu urang ngawilujengkeun ka pangantén” jikan melong bari metot panangan. Saatos kempel pangacian, kuring ngaléngkah bari ngaléng pamajikan muru balandongan tempat manéhna ngadeg ngantos pangwilujeng.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar