Jumat, 12 Juli 2013

*** ADU JAJATEN ***

Camperego di sisi leuwi bari teu weléh nyidik-nyidik burial na cai tina beulah batu handapeun rungkun kacapiring. Cai leuwi kaciri meuni ngagenclang matak pikabitaeun. Sabudereun hejo ngemploh ngondang ancrub kokojayan, matak seger pinuh kaéndahan. Ngan hanjakal rasa tingtrim téh ditambih ku rasa hariwang. Jajampean dimimitian, angin soré ngadadak jempling pon kitu deui sora sasatoan simpé. Cininin jeung cangkurileung kawas nu keur nyeri huntu, padahal biasana réang mapag matapoé nu rék surup. Tonggérét jeung turaés gé jempling, ngadaplok ngahéphép bangun haroréam. Sisi panon uing balik deui nengetkeun burialna cai nu beuki soré beuki motah. Nu ngagenclang ngadadak kiruh dibarung ku gelebugna angin neumbrag kana tatangkalan, dangdaunan oyag-oyagan. jampé pamaké mingkin diketrukkeun, mata batin beuki seukeut nojo alam kaahéngan. Kaciri lulun samak ngaleupaskeun awak nu dikeukeuweuk di jero leuwi. Bugang ngambang sanggeus saminggu leungit dilegleg leuwi. Lulun samak ngaléos bari cumalimba.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar