Minggu, 06 Maret 2016

Bupati Anyar

sumber : ratrimargarina-blogspot-com
Wanci haneut moyan, uing dipangku muru ka puskésmas. Geuning ngagimbung loba jelema. "Punten murangkalihna engkin ditétés ku juragan bupati," kitu ceuk nu dibaju bodas, Apa jeung Ema unggeuk. Teu lila jol téh loba mobil harérang. Jelema sarurak, uing dibawa ngadeukeutan sémah nu datang. Ginding jeung ngora kénéh, "Mangga pa, tiasa dikawitan" Sora halimpu tina spéker, uing di titah calangap bari rada direjengan. Éta pajabat dibéré botol obat tétés ku nu baju bodas. Kaciri anjeuna ngésang jeung rada ngadégdég. Tipepereket nyekel botol obat.

Kabéh nungguan, congo kaméra poto jeung pidio geus sayaga. "Mangga pa, tétéskeun kanggé simbolis," harewos mantri. Crooot!!!!, eusi sabotol pinuh asup kana baham. Uing rada reuwas, tapi da ngeunah nya di inum wé, lumayan ubar hanaang. Kadéngé kabéh kaleprok, cutrak cetrék jeung tingburinyay. Uing nyéréngéh gumasép. Saencan balubar  kareungeu obrolan, "Cing dipantau orok nu tadi, nginum obat tétés keur 50 orok, bisi kumaonam." Uing ngabelenyéh teu ngarti.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar