Selasa, 28 Maret 2017

Rék méré ceramah

www-poskotanews-com
Leumpang satengah lumpat asup ka terminal Leuwipanjang, aya nu nyampeurkeun, “Ka Jakarta lur? beus nu itu rék indit” curukna nunjuk kana beus kelir beureum nu kaciri rada pinuh.

Teu loba tatanya da puguh bisi teu kaburu méré ceramah shubuh bulanan, Aip ngagidig muru kana beus. Pas naék kabeneran aya dua korsi deui kosong, gék diuk. Ningali arloji, jam 00.00. Teu lila, beus ngadius meulah poékna peuting. Kenék ngadeukeutan, ngasongkeun karcis. Teu loba tatanya da geus apal ongkos ilaharna, mayar wéh. Ngan nu héran, panumpang séjénna jempling teu lemek teu nyarék. Karasa hiliwir bau malati tapi sakapeung ngahiek bau bangké, Aip babacaan nepi ka kasaréan.

“Jakarta!!!, terminal ahir!!” Sora kenék ngahudangkeun, panumpang ngantay turun, jarempling teu loba omong. Aip gé turun. Pas nincak taneuh, panumpang nu turun geus teu kaciri, ngalieuk katukang beus gé ngahiang. Nempo arloji karék jam hiji janari. Lalaunan maca tulisan badag dihareupeun, ‘TMP Kalibata Jakarta’.

Minggu, 26 Maret 2017

Gancang tépa

www-dpunik-com
Pakanci geus datang deui, jadwal taunan nu di tungguan ku murid ogé guruna. Odi sapeupeuting teu bisa saré, guling gasahan hayang geura isukan. Baju jeung bekel metet dina tas gandong, rék karya wisata ka Jakarta. Ukur ngerejep sajam kaburu di hudangkeun ku si Ema, “Gancang hudang satéh, tuh si Omod jeung Martobi geus nyampeur”

Odi teu mandi heula, nyamber baju jeung tas gandong, tibuburanjat ka sakola da sieun tinggaleun.
Beus badag geus ngabedega, diabsén ku guru, asup tartib bari suka bungah. Sajajalan ocon saleuseurian, jugar wé kawas di kelas. “Barudak tong marotah teuing!!”, géréwék Bu Aisah wali kelas. Tapi Odi jeung babaturanna lain eureun ngadon maceuh.

Tuntungna kajadian, di jalur Puncak nu parual paréol. Borolo si Ibro, dituturkeun jang Kunén. Teu tinggaleun Odi ngilu partisipasi, utah ngabura kana tonggong supir. Bu Aisah ongkék da teu kiat ku seungitna jeroan baham. Beus kapaksa eureun lila da supir jeung kenékna ogé babalongkéngan.

Najan lulungu ge, gajleng muru ka tukang imah. Geus teu kaburu cingogo na pacilingan. Gebrus-gebrus nyiukan cai tina kulah, make anggir saeutik ameh rambut teu bau hapeuk teuing. Awak diruru saperluna. Make baju kaos jeung jin calana sakola, oge syal nu geus ditangtukeun ku panitia.

Nanjeurkeun Kahariwang

Bayeungyang nyangkaruk dina implengan, ngadodoho raga nu teu boga kawasa. Amarah saharita ngabéngbat waktu jeung rasa, nyésakeun hanjakal nu wedel alah batan témbok cina. Padahal urusanna teu sapira, ukur salah kecap nu ngajantenkeun juragan ageung kaisinan dipayuneun rahayatna. Éta ogé nu didugikeun téh sanés dongéng ngeukeupan budak, tapi istuning  nyata léngkah nirca dibulen ku wenang jeung asa aing pangawasa.

Nu asalna geugeut tur kameumeut, saharita ngagejrét jadi musuh gerot, teu sudi nempo teu hayang nanya. Langsung ngejat mun kalangkung uing ngagayabag. Ngawitanna mah teu aya kaawonan, istuning picontoeun, tos mah pinter téh rapékan. Teu bosen ngingetan ogé méré piwuruk nu dumasar kana luhung kaélmuan. Kana harta tur tahta teu opénan, kumaha wé ilaharna. Mung hanjakal ku gogoda hiji deui mah serah bongkokan, sagala tarékah téh dumadakan lain keur rahayatna. Tapi kawas nu kabeulit siluman cai, linglung tur tumut naon waé nu di suhunkeun.

Hate gilig nyingraykeun bayeungyang, keur nepikeun bebeneran.

Jumat, 10 Maret 2017

OTT

yaditrict-blgspot-coid
“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan”, Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.
“Saha nami?”
“Ma Uti”
Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan.  Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema teh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng. “Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang”.
“Sabaraha nominal duitna?”
“duaratus rebu Ndan!” dijawab teges.
“Leres kitu ema?”, Komandan melong ka Ma Uti.
Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”
Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”.