Kamis, 19 Januari 2017

ITIKURIH

Dok.pribadi

Hiliwir béwara janari ngahudangkeun rumasa, méré tanaga keur nyampeur bagja di dunya nu éndah taya papadana. Ngagidig muru ka kebon dibaturan jangkrik nu teu weléh suka bungah. Kalacat nincak puhu kawung, gap kana wadah gombong nu geus nanggreu sapeupeuting. Alhamdulillah dioyagkeun karasa beurat, cicirén pinuh eusina. Sanggeus gombong antel kana taneuh. Sujud syukur ka pangéran nu murbéng alam, parantos masihan rijki dinten ieu. Gidig gombong digandong, muru tegalan. Tempat matuh nu satia nyakséni itikurih diri.    

Anjog ka tempat matuh, panonpoé karék meleték. Geus aya tilu wanoja jeung nonoman narungguan. "Mang, mésér opat gelas", sora halimpu meulah rasa isuk nu simpé. "Mangga geulis", rikat nurunkeun tanggungan. Mikeun gelas leutik hiji éwang, gombong diangkat lalaunan. Cur cai alami nu amis ngadalingding pindah wadah. "Raos pisan mang, seger tur ngahudang sumanget. Tambih deui ah."
Alhamdulilah tengah poé jauh kénéh, gombong geus béak kaganti ku lambaran duit kertas keur meuli harepan poé ieu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar