Selasa, 15 Oktober 2013

***Panghadena Ibadah***

Sapeupeuting takbiran di masigit nyacapkeun rasa buméla kana agama. Nambah pahala dina peuting anu mangkat bagja. Mingpin takbir, teu sirikna mix teu lesot iwal mun kahampangan atawa miceun sabab wareg teuing ngadaharan susuguh. Balik ka imah ukur mandi, salin gamis anyar, biur deui ka masigit di baturan adzan shubuh.
Réngsé sholat shubuh, mix dikeukeuweuk deui. Padahal sora geus béak ogé panon beurat ku katunduh. Santri jeung olot ngan bati gogodeg. Maklumeun kana niat jeung sumanget ibadahna uing. Tapi sanggeus asup acara inti mah uing ngoléséd ka juru bari ngadéngékeun biantara nu dituluykeun sholat sunat idul adha. Sholat bari nundutan, attahiyat ahir uing ngalenggut, kahudangkeun pas réngsé solat. Uing gasik bébérés sajadah. Cengkat tuluy nyokot sendal bari ngiclik kaluar masigit rék balik ka imah. Hadirin nu kaliwatan melongkeun ka uing nu balik ti heula. Nepi ka imah asa aya nu salah. Ngahuleng. Gebeg!! rarasaan jumaahan, pan khutbah iéd na ogé encan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar