Selasa, 15 Oktober 2013

***DITEWAK KAPEKA***

Langit alum méga nyegruk, nyakseni kampung Sipatahunan di tutugan gunung Kamalangké nu simpé combrék ngadadak geunjleung sabab kasumpingan rombongan jalmi ti kota. Samagréng pakarang bedil panjang ningker sasaungan aki Jum'an. Tatangga nyarumput dina enggon séwang-séwangan. Teu wani noong tina sela bilik atawa palupuh. Sieun kumaonam.
Kaciri aki Jum'an di borogod. Bangkol meulit na leungeun. Di bawa asup kana mobil tuluy ngadius ninggalkeun lembur muru dayeuh. Kampung Sipatahunan ngaheruk. Leungiteun.
Di ruang interogasi aki Jum'an wakca balaka, ngadongéng sagala na. Ti mimiti sasayogian, éksékusi nepi ka balik mawa hasil. Butuh stamina prima ogé konséntrasi maksimal. Tim interogasi KPK unggut-unggutan. Aki Jum'an di téwak téh sabab aya info geus rutin nyadap méh unggal poé. Padahal prosés penyadapan téh teu bisa samanéa, kudu petugas nu boga wewenang ogé aya ijin ti pengadilan. Aki Jum'an ngadongéng pakarang keur nyadap téh péso, batok kalapa, korang,tali, awi jeung injuk. Tim interogasi KPK silih pelong.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar