Jumat, 05 Februari 2016

Ngarah haneuteun

“Samentawis urang dipasihan tugas heula, bapa Mikdadna teu lebet” Uing ngabéwarakeun info bieu ti ruangan guru. “Horséhhh!!!” “Asyik euy” babaturan aratoheun, aya nu keprok ogé tatalu. Kelas jadi haneuteun. “Tapi wayahna ulah kaluar kelas, engkin wé pas jam istirahat” Uing ngagorowok. “Okéh komandaan” saur manuk. Kabéh anteng ngerjakeun tugas séwang-séwangan.
sumber : jogja.tribunnews.com

Ngan 15 menit tugas geus réngsé, uing ngodok saku kabeneran sésa peuting aya kénéh. Petasan sagedé jempol jeung  kertas pahpir, panyundutna dibungkus ku kertas pahpir méh rada lila ngabeledugna. Uing lajag-léjég ngaroris nu keur anteng nyieun tugas, maklum ka’ém alias katua murid. Diuk dina korsi guru gé euweuh nu nyarék da ka’ém, bari lalaunan petasan pahpir disimpen dina jero méja guru, teu poho dihurungkeun maké panékér. Koléséd uing balik ka méja sorangan, kabayang babaturan bakal rareuwaseun.

Teu itungan detik, panto kelas ngarekét. Bu Fatimah guru anyar asup muru ka méja guru bari nyarios, “Ibu samentawis nu ngagentos pa Mikdad, sok nu atos kempelkeun di méja.” Uing sepa sabab pasti aya kajadian nu bakal tumiba.

Blédaggg!!! Sora petasan handaruan, "Aduuuh", kocéak bu Fatimah langsung kapiuhan. Guru rabul muru ka kelas. Isukna Uing libur tilu poé, di skor.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar