Minggu, 14 Februari 2016

Panarosan

gbr : binfar.kemkes.go.id
Kémping pramuka nu diharepkeun bakal resep jeung sumanget téh jadi teu puguh, sabab musababna mah aya guru anyar nu jadi pembina pramuka arogan jeung cunihin pisan. Karesepna ngotélan murid awéwé jeung ngatur acara sangeunahna. Panitia jadi ambek kapegung, rék nyarék lain lawaneun. Tapi diantep waé kalah maceuh, ngatur pembagian regu sangeunahna, nu gareulis dipisahkeun, husus dikawal ku manéhna.

“Kumaha atuh ieu téh, rék diantep waé kalakuan Pa Aay?,” Danu pupuhu panitia ngarahuh. “Uing mah palaur, mangkaning ké peuting acara pengukuhan, sieun kacow lur,” Jumhadi mairan. Sarpan, Oman jeung Yayan ge ngaheruk, kabéh sarua sieun ari rék ngalawan ka guru.  Uing gé cicing, ngan uteuk muih néang lolongkrang. Ba’da asar nguliwed heula nepungan Abah Juhro, teu loba malapah gedang tapi langsung ménta bongbolongan.

Alhamdulillah kémping perjusami kalaksana kalawan suksés, guru cunihin janten bageur. Teu pira mung unggal anjeuna tuang dipangdamelkeun sangu goréng atanapi indomi, teu hilap dipurulukan cété’ém bubuk sapuluh siki.  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar