Senin, 08 Februari 2016

Sanca manuk

gambar ti musuhkita-bersama.blogspot.co.id 
Oman jigrah ti janari biwir teu weléh seuri, panon gular giler nitah sréngéngé gancang datang nyaangan lemah cai. Hayang geura muru ka sakola, nepungan kikindeuwan ati nu teu teurak di pahugi ku oray-orayan tina karét. Padahal mun ditempo saliwat mah pasti nyangka oray linghas, meunang meuli onlén dina internét. Babaturan awéwé nu lian tingjéréwét, néng Éti mah haré-haré da nyahoeun éta mah barang jieunan manusa.

Oman noong kaluar nempo ka pakarangan, hanjakal sréngéngé can bijil waé. Tapi haté Oman reugreug sabab azan subuh mimiti patémbalan tandaning kiamat jauh kénéh. Oman ngoléséd muru ka tengah imah, nempo deui kana blék kurupuk luhureun méja nu ganti rupa jadi kandang oray sanca.  Gerentes haté Oman, “Sugan wé ku oray nyaan mah néng Éti téh narima.”

Teu jauh tina panyangka, néng Éti narima katresna Oman. Sanajan sakola nu jadi tumbal. Guru-guru kapaéhan, babaturanna kabéh kasurupan. Sanca manuk ngabelenyéh ningali Oman layeut jeung bébéné. Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar