Senin, 09 Mei 2016

Diajar Milih

Ti ramatloka radiotamhiddotcom
Awak rancucut ku késang nu ngagarajag, beungeut karasa ngahéab. Kaos jero jeung kaméja bodas geus badis pangepél baseuh, kari meureut meunang sajolang tah késang téh. Padahal rohangan maké AC nepika 16 darajat, tapi angger wé késang ngadon balap pating curulung tina sela-sela rambut muru kana gado. Aya ogé nu ngetém heula dina tungtung daun ceuli, ngajleng kana taktak bari sura-seuri.
“Sok geura putuskeun Jang Usrip, éta dua pilihan ti bapa. Ditungguan ayeuna pisan!!!” Nongtoréng kénéh sora bedas dunungan ageung sanggeus nampa sahunyud kertas laporan pamariksaan nu di kerjakeun ku Jang Usrip dua minggu katukang. Reunghap diajaran rada lalaunan, sugan wé ngurangan bangbaluh tur ngeureunkeun kesang.
Si kesang nu dina tarang nanya, “Naon kitu pilihanna lur?” Jang Usrip ngagerenyem, “Teu pira euy antara pupus deui ieu laporan atawa ngaran uing nu dipupus tina daptar pagawé di dieu.” Si kesang hareugeueun ngilu bingung. Sakabéh késang dina awak tarungkul, ngusap cimata.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar