Minggu, 08 Mei 2016

Peuting

Tina ramatloka : id.anawallsdotcom
Nyangsaya kana taktak peuting, karasa tingtrim sanajan poék mongkléng buta rajin. Sagala bangbaluh ngoléséd ngajauhan, tonggong longsong haté antaré. Renghapna rasa silih udag jeung simpéna peuting.  Mimiti pacantél ramo patali kahayang. Teu kaampeuh sakabéh gegedoh rusiah ngagolontor maseuhan manglambar-lambar sajadah meunang ngarurud ti masjid jami tukangeun imah.

Peuting imut kanjut sanggeus wareg ngadéngékeun uing nu teu eureun ngocoblak. Teurabna peuting eusina gosip jeung sindir sampir nu matak geunjleung sanagara. Sanggeus rada ngareunah kana awak, Uing maksakeun cengkat. Sakedapeun ngahunted, nempokeun rombongan siraru nu ngagotong ratu sangkan ingkah tina kamunafikan.

Teu loba carita, peuting langsung ditalék naha rék enyaan atawa ukur pupulasan? Hanjakal ngajawabna geuning maké haté kadua leutik, sanajan camperenik tapi geuning pinuh ku intrik. Pipikiran baluweng teu sanggup ngarencana nanaon. Aya kereteg hayang ngadu’a, tapi leungit niatna. Peuting mimiti harénghéng, sanajan taktak mah keukeuh dipuntangan tipepereket.

Uing terus bacéo, nepi ka peuting laput ku kahayang. Hayang leupas ti Uing. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar