Selasa, 14 Februari 2017

Papatong

sumber Duniabinatangcom
Panon poé karék meleték, ngagupay rasa ngajak ka sakumna mahluk pikeun ngabaladah éndahna dunya. Nyiar rejeki keur bawaeun bekel séwang-séwangan. Dina pucuk eurih ngaréngkol kénéh si Atong, papatong jalu nu kedul kacida. Adi na mah si Apat geus ti janari karalang kuriling, bari hahariringan lagu pupujian.

Teu perlu waktu lila, satolombong rametuk digémbol keur dahareun tilu poé. Nyarapna mah  cukup wé genep rametuk jeung dua siki reungit. Awak séhat da daharna loba gizi katambah leuwih cénghar sabab isuk kénéh geus olahraga. Ngapung kaditu kadieu, jangjang cangker panon awas. Tara geuringan.

Sabalikna jeung si Atong, hudangna téh mun mata poé geus na luhur sirah. Arang langka moro rametuk, tapi sok nyoro tolombong nu geus aya. Boro-boro ngapung jauh, awakna sok gancang leuleus, jangjangna remen ngulapés. Lolobana mah eunteup wé dina eurih atawa dangdaunan séjénna.
Tungtungna dina mangsa manusa moro papatong, si Atong beunang pangheulana. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar