Minggu, 16 September 2012

Junk Creek....

Krikk.. Krikk.. Kriik, soanten jangkrik atanapi sora jangkrik?.. (ah wios we sakali-kali mah basa lemes kanggo sato ) disada teu liren-liren, culang cileung kana sisi buruan tapi da lenang teu aya jukut sagaris oge da kabujeng musnah ku galakna halodo nu teu aya ras rasanna. sabot soca gular giler oge mastaka luak lieuk eta keukeuh soanten jangkrik asa beuki tarik..

Panasaran di toong na kolong meja da teu aya nanaon, dipapay kana palupuh nyambung kana galar angger we teu katingal eta sakadang jangkrik teh.. Ngahuleng weh bari bingung, sora jangkring ical bin leungit sapertos dilegleg bumi diemam ku simpena sore anu ngarayap ngungudag poekna peuting. Sajeroning ngadaweung bari ngalamun, soca mencrong bari nyaliksik lungsurna bentang oge bulan nu negeskeun peuting simpe jadi pinuh cahya komara caang mentrang tapi teu panas direncangan ku nini anteh oge si ucing hideung nu hilap namina.

Emutan mah ngumbara kana rupi rupi kajantenan boh nu senang boh nu sedih oge anu pikaseurieun atanapi wiwirang pagaliwota janten hiji.
Ieu gambar Jangkrik lur...
Nuju anteng ngumbara dina emutan.. Kriiik, kriiik.. Kriiik, soanten jangkrik matak curinghak ngabarubahkeun kana lamunan ngancurkeun hayalan nu nuju dijujut ku benang kawadulan. Eces soanten jangkrik di juru meja tamu handapeun galar.. Soca neuteup anteb kana lomari utamina laci luhur margi soantenna jentre ti dinya. Panangan lalaunan nyepeng pamuka laci sedengkeun nu kenca siap nungkup bilih jangkrikna ngajleng kabur.. 

Srettt.. Laci dibuka bari jajantung ratug, soca molotot mata jangkrikeun, ceupil rebing irung rebeh biwie jebleh.. Eh ehm Nu aya dina laci meja teh singhoreng... 


Hendpon pun alo nu nada panggilna soanten jangkrik nuju endogan..

Katipuuuuu...... 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar