Minggu, 16 September 2012

Bandros Gumujeng

http://doyanmakan.com/category/detail/299/kue-pancong-bandros

Kojengkang raramo ngadongkang bandros haneut anu neuteup geugeut hoyong disamualkeun kana baham kabingung anu rancucut ku kesang katugenahan. Hate ratug teu puguh rasa teu puguh sabab tapi nu tangtu mah pipikiran keur kulayaban keur ngawang ngawang antara harepan jeung implengan. Sabenerna mun dijejer jejer mah da euweuh nu salah, ngan beda sisi ningalina alias perspektifna wungkul ceuk nu pinter bari heuay di juru panto pangharepan nu ngadadak jadi simpe nempo balebat meuni sumringah nuruban kateu panuju kurupa-rupa basa bari teu puguh hartina. 

 Nu hiji aya kahayang, nu lain oge boga pamenta, ngan dina mangsana anu teu nyana handap lanyap janten sulaya. Padahal nyatana mah ngan skenario di dunia da ceuk khotib jumaah kamari waktu ngilu ibadah di masigit kademangan resepjanten wirehna kebenaran itu sanes kumargi seueur anu panuju tapi jelas manut tur nurut kana bagbagan agama anu dumasar tina Al qur'an srg Hadits. Rarasaan angger keneh can jejep, pagaliwota rasa mokaha, kahayang lawan kaembung, parentah pagedug jeung aturan, itu sajak ieu dongengan.. Padahal pan geus dibejaan ti anggalna yen jalan tarahal jeung angin gelebug teh bakal beuki remen ngabaturan sabab jalan nanjak ngudag puncak bari teu dihayang-hayang ge nonggerak tinggal ngaleukeunan. 

Bari nyamualkeun bandros haneut nu geus jadi tiis camewek, suruput kana bajigur haneut... Karasa sakedeung endahna dunya. Digigireun bandros seuri nuruban maneh ku kinca.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar