Selasa, 21 Mei 2013

***PELET LEUGEUT TEUREUP***

www.immanuela-gracia.blogspot.com
Ti saprak Administratur Perkebunan diganti, asa resep ngalanto ka wewengkon pabrik. Hayang nempo nu rancunit, Néng Natalie anakna Administratur. Geus mah jangkung lenjang, irung mancung. Pangpangna mah rambutna lain hideung tapi coklat semu konéng, ‘blondeu’ basa deungeunna mah. Tapi éta carita baheula, ayeuna haté gudawang, ijid kabina-bina tisaprak manéhna nyiduhan bari téténjrag majar uing lain lével da urang kampung. Peuting ieu babalesna, Néng Natalie bakal sujud nyuuh masrahkeun sagalana, datang sorangan ka imah tengah peuting, éta jangji Ki Jum'in dukun kahot pananyaan uing. Komo deui sagala sarat ogé sarat utama pélét ieu nyaéta 7 lambar rambut Néng Natalie geus ditedunan, meunang ngolo ka Bi Eroh, tatanggi nu damel janten réncang di bumi Administratur, kabeneran sok rajeun nyiaran ceunah.
Téng jam dualas, aya nu keketrok bari uluk salam sora awéwé, "punten...punten". Meuni halimpu. Teu diengkékeun buru-buru panto dibuka, bréh tangkal jagong nangtung hareupeun panto, pinuh bulu jiga rambut Néng Natalie.
--------------------------------------------------------------
Seratan nu sanesna : http://fikminsunda.com/profil/1063621860 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar