Sabtu, 28 September 2013

***BENDU***

Wewengkon lapang gedé keur pinuh jelema. Aya panggung tohaga. Gumbrang gembrung samagaha sora. Motor mobil ngajéngjréng, nyanggéréng. Ti wétan ti kulon ngaleut ngeungkeuy muru kariaan nu tara unggal poé aya. “Ki, urang leleson heula di dieu” budak leutik nungtun aki-aki nu geus kundang iteuk tuluy diuk dina handapeun kiara. Karék gé gék, “Nyingkah siah! Montong ngotoran di dieu!” Upas molotot, bangun najis nempo nu rudin. Aki jeung incu, nangtung tuluy ngaléngkah bangun beurat. Genep léngkah ti na kiara, si aki malik. Nempo deui kana kariaan. Panonna carinakdak. Si aki niup dampal leungeun ditojokeun ka lapang. Angin handaruan, langit ngadadak poék bari béntar tinggeleger. Jelema paburisat. Upas kabawa angin, nyangsang dina tihang listrik. Panggung runtuh, leungit kabawa amarah alam. Musik eureun. Nu aya patingkocéak. Sagala pasoléngkrah teu mangrupa. Kariaan obah saharita jadi musibah. “Hayu cu” Si Aki ngaharéwos ka incu na. Duaan ngabelesur numpak méga kahariwang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar