Sabtu, 23 April 2016

Diajar ihlas

Tina ramatloka jelajahunik.blogspotdotcom
“Bapa sinareng ibu nu kenging rahmat ti Gusti Aloh, dina kultum bada dhuhur dinten ieu pribados seja ngabedél perkawis kaihlasan....,” Barabat Ustad Asqori nyebatkeun ayat dipadu hadis nu tangtos aya pakuat pakait sareng bagbagan ihlas. “Terang teu contona ihlas téh sapertos kumaha?” Ustad naros , teu aya waleran. Ustad neraskeun, “Upami bapa ibu tuang leueut anu awis, saporsi 200 rébu. Giliran hoyong miceun mah tara diémutan, padu burusut, teras urang téh hilap wé. Tah éta contona ihlas téh, teu ngemutan deui awisna pangaos tuangeun”. Hadirin unggeuk-unggeukan.

Réngsé kultum diteraskeun sorogan hanca tahsin qur’an dugika asar. Bada solat asar, Ustad Asqori kaluar masjid. Ningal sendalna teu aya, “Anyééééééng sendal aing aya nu ngagubug. Gobloog!!, mangkaning weuteuh kénéh!!” Panon buncelik, bari rénghap ranjug. Jang Kodir nu aya di golodog masjid ngaharéwos ka Aki Jumad, “Geuning ihlas téh sesahnya ki” Ki Jumad imut bari nyawang deui cariosan ustad waktos kultum tadi siang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar