Rabu, 24 Oktober 2012

Paketrox...


Niat ngabantuan da puguh jeung saha deui urang silih tulungan silih suluran oge silih andelkeun. Tapi geuning nya kite tea sok emut peupeujeuh sepuh yen sendok mah langki atanapi tara paketrok sareng pacul tapi sering paketrok sareng sendok da memang nu pangcaketna. Naha pacul mah langki?.. Cobi we emutan, kantos teu urang nu tuang nganggo garpu sareng pacul?. Dina ayana oge tangtos dipasihan label, eta mah jalmi anu kaganggu emutannana atanapi kirang waras, ah meuni sesah.. Jelema gelo kituh ( ceuk si cepot bari euceuy),


Uih deui kana istilah getreng anu ngawengku hartos nyaeta hiji kondisi anu dirandapan ku dua manusa atanapi langkung ngagaduhan paham anu benten dina ningal hiji permasalahan, antukna janten pertentangan hog hag alim eleh dugika aya anu gaduh prinsip, tibatan eleh mending ngaco.. Langkung riweuh deui wae.

Getreng teh tiasa aalitan oge tiasa janten pasea rongkah nu ngakibatkeun rugel boh materi atanapi jiwa raga.


intina uih deui kana kasabaran sareng kakiatan diri maca situasi nu nuju ngigel dina amparan seni kahirupan.  Disapuk ku langit anu marahmay ku bentang bari ngadodoho srengenge meletek tandaning beurang rek datang nagih jangji peuting nu sok nyumput pengkereun nini anteh nu keur ngalahun candramawat.



Tapi ari keuheul mah wajar asal ulah nyaliara tur lami sidakep dina manah, sabab pami kitu sok janten panyawat jiwa. Omat tenangkeun guligah hate bari teu weleh dzikir kanu kawasa.



Wilujeng malem mingguan lur....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar