Kamis, 27 Oktober 2016

Tengen jeung kiwa

tipstren-com
Puntang rahayu ngajaul Tengen, ninggalkeun Kiwa nu pakupis jeung lumpatna jaman. Layeut téh geuning ukur babasaan, ku sabab boga kahayang pikeun ngarawu sakabéh pabétékan. Teu nolih salah jeung bener, teu nempo halal jeung haram. Lain saukur  beuteung seubeuh sirit baseuh, tapi geus jadi wajib yén sakabéh jalma nu aya kudu ajrih ka manéhna.

Padahal baheula basa keur dalit nugaran gunung nyaatan sagara, teu loba céplak teu katempo samar kahayang. Istuning rido ngajalanan kahirupan sakumaha ilaharna. Minda rupa unggah adat mimiti karasa dina mangsa gunung rata jeung saatna sagara. Murukusunu bari bangkenu. Loba kaambek teu puguh dadasarna. Pék téh geuning teu pira, kabeulit ku rasa mokaha hayang dihormat ku sakabéh manusa.

Nu Maha Murbeng Alam bendu taya papadana, sabab sombong mah lain pasipatan manusa. Gunung mucunghul deui di mamana, sagara ngajomantara. Ngagencét Tengen nu teu bisa manggapulia, tuluy dilelepkeun kana guligahna sagara.  Kiwa carinakdak bari ngaheruk nanangkeup takdir. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar