Sabtu, 29 Oktober 2016

Saémbara Triatlon

terpicdotru
Karajaan Burayutgalih keur boga hajat rongkah dina raraga milangkala saratus taun ngadegna éta karajaan. Rupa-rupa lomba geus jadi ilahar keur ngahibur rahayat ogé gegedén. Hadiahna hédéd jeung matak uruy. Saémbara nu hélok téh katelahna triatlon, tilu saémbara dihijikeun. Nyaéta papalidan disungapan maké ayakan, tuluy balap lumpat gajah, ditutup ku paheula-hela ngalindeukeun méong congkok. Sanajan beurat syaratna, tapi ku sabab hadiahna gé lain heureuy, hadiah utama lima sapi lintuh ti ostrali jeung meunang piagam tinta emas nu bisa digadékeun ka bank karajaan. Antukna méh tumplek rahayat ngiluan sarupaning saémbara.

Ngan dina saémbara final ngalindeukeun méong congkok kabéh nu hadir babalongkéngan. Teu gegedén teu rahayat sadaya nambru, padahal upasna gé sarupaning buta. Aya buta héjo, buta tulang, buta daging, buta hideung kabéh kéok sabab nu disanghareupanna ogé geuning buta, nyaéta butai. Bau tai sa karajaan ku sabab sapiténg karajaan di opat juru bitu, kacocokan runtah nu dipiceun ku rahayatna. Cag. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar