Kamis, 27 Oktober 2016

SAMUTUT

Teu sapagodos lain ngéwa, teu panuju lain cua. Tapi ukur sikep pribadi nu pasti aya kasang tukangna. Sanajan geuning jadi ngabarubahkeun kaayaan. Nu asalna ayem tengtrem bet jadi mungguh harénghéng. Baheula mah soméah, ayeuna mah leuwih loba baketut maratan tutut. Ditanya jadi kawas nu torék, di balédog ku imut ngadon samutut. Tungtungna mah diantep wé kuma karep, sugan cageur ari geus bosen mah.

Turaés mépéndé haté, jadi cicirén yén mata poé geus lingsir soré. Uing giak mandi tuluy saged di baju koko, rék jamaahan magrib di masjid désa. Karék gé kulutrak mukakeun tulak, kaciri Ua Kosim ngaliwat hareupeun imah bari angger baketut. “Mios ua?”, Uing nanya sopan naker. Nu di tanya ngagidig teu nempo sarérét ogé.

Uing ngencid muru masjid, teu sabaraha lila kadéngé sora, “Tulung.. tulung” Bréh Ua Kosim nyangsaya sisi sungapan, ampir palid kabawa caah. Gajleng, leungeunna dibetot disalametkeun. Awakna jibrug, calana pinuh ku leutak. Ku Uing dipayang balik deui ka imahna, si Ua muringis bari angger samutut, “Ua mah tetep Ém yu lain liperpul jang”.

4 komentar:

  1. Heu heu.....gara2 em Yu ,hampir palid ,aduh mang kosim...!!

    BalasHapus
  2. Gara2 panatik bola ,hampir rengat babarayaan ,sareng ti gorobas Ku kalakuan sorangan ,he he he ,nuhun wa haji sae pisan ....janten pepeling !!

    BalasHapus
  3. janten fanatisme teh kedah aya watesna nyaa....

    BalasHapus