Rabu, 30 November 2016

Gempungan

penulisdongeng_blogspot-coid
Ranggeuyan kamelang beuki ngahunyud, minuhan tempat gempungan nu pabeulit ku interupsi. Nu sawala patarik-tarik méakeun sora. Tinggorowok alah batan pasar. Lentong teugeug jeung tarik, méh teu kasilep ku gorowok nu lian.
Sawala karasa jadi paséa, padahal nu haladir téh masih sékésélér dulur kapi kapi. Tapi ngadadak jadi musuh gerot nu kudu silih éléhkeun. Tutunjuk na congo irung, soca buncelik dada rénghap ranjug. Pupuhu jeung girang pangajen ngembang kadu, ningali kaayaan bet teu bisa diarahkeun sakumaha ilaharna.

“Tuh nya karék gé kieu, geus campuh. Acan nanaon ieu téh” Gerendeng pupuhu bari imut kanjut. Girang pangajén nyengir kuda, “Mugi di ma’lum da aranjeuna mah tacan ngasaan jadi kawas urang, ari urang mah geus ngasaan kawas maranéhna”. Duanana ngawangkong deui bari cecelebekan ngimeutan liwet jeung jéngkol ngora. Nu badami beuki rosa.

Tilu poe tilu peuting gempungan ngajadi hasil, pupuhu jeung girang pangajén jigrah bari nanangkeup blék eusi sora. Sakabéh nu gempungan ngagebra, peura.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar