Jumat, 27 Januari 2017

Hanjakal

nyunyucom

Lantaran sumanget teuing kana di gawé, Jang Parlan parat nepi ka dur magrib can kaasupan kéjo. Beuteung nanagih gogorowokan, tapi baham balem. Ceunah mah méh gancang anggeus pagawéannana. Sumawonna sora adzan lohor jeung asar ukur jadi wirahma euweuh makna. Anteng wé macoco hareupeun léptop da sieun ku dédlain nu di wates ku dunungan, kudu anggeus peuting ieu.

Cikopi  geus béak genep balikan, puntung garpit tinggalolér sésa ngeyotan ti isuk-isuk. Ngan pagawéan asa teu anggeus-anggeus. Kekemplong mimiti peurih,  sirah lalaunan karasa rieut. “Tapi ieu tugas kudu anggeus, aing pasti bisa”  gerentes Jang Parlan bari nyusut késang tiis dina damis.

Sora adzan isya gé teu dipaliré, nepika tungtungna mah Izroil nu langsung nyauran, di gidig ku sorangan.
Jang Parlan gigisik bari ngabeuntakeun panon, “Dimana uing yeuh, paroék kieu?”
“Man robbuka?” Hiji sora ngageterkeun jiwa. Jang Parlan teu bisa nyarita, ngayekyek teu puguh rasa. Hasil gawé tingkoléséd ninggalkeun raga.  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar